Jam satengah dalapan, poe Senen tanggal 1 Oktober, Pa Iyus jeung Toni ngajemput kuring di hotel, langsung nuju lokasi neruskeun digawe. Toni nyaritakeun basa manehna mimiti nempoan lapangan dibasisir, manehna nempo di laut aya buaya gede pisan. Kuring satengah teu percaya, salah deudeuleuan meureun, eta mah catang nu kabawa ka laut. Tapi manehna keukeuh eta teh buaya. Sanggeus ngobrol jeung nu keur ngebor di basisir, kuring karek percaya, yen bener aya buaya. Komo waktu nempo fotona dina laptop di base-camp. Ieu hartina daerah ieu teh tadina asli keneh, ngan jadi lenang da dibukbak ku alesan pangwangunan ......
Digawe ngan ukur tepi ka jam satengah sabelas da ukur saeutik deui. Sanggeus beberes alat-alat, kuring saparakanca langsung nuju base-camp. Salah saurang pagawe lokal ngilu balik, da cenah lemburna kaliwatan. Lemburna teh di deukeut Km-24. Pas di km 24, teu katempo aya lembur, tapi si pagawe lokal teh rek turun, ngan ceuk Toni ka Pak Iyus, anteurkeun we, da lemburna mah dijero, kira-kira 3 km ti jalan raya. Anehna Toni ngomong kitu teh bari ngareret ka kuring, sura-seuri. "Kunaon sura-seuri kitu", ceuk kuring teh. "Ah tingali we engke", omongna teh. Nya mobil teh belok, asup ka jalan rada leutik, ngan diaspal mulus, teu aya lembur disisi jalan teh, ngan aya leuweung jeung kebon. Jalan rada nanjak terus belok.......breh weh, kaciri ti kajauhan, kira-kira 500 meter deui, aya komplek perumahan nu katata-rapi. Si Pagawe lokal, menta turun da cenah imah manehna mah lain di "kompleks" eta. Sanggeus pagawe lokal turun, si Pak Iyus nyarita urang muterkeun mobil di kompleks we, da didieu mah hese, heureut. Nya terus lempeng, breh katingali aya gapura asup, nu make tulisan "KAWASAN WAJIB KONDOM" . Kuring kerung, aneh, da mimiti mah teu sadar yen kuring saparakanca teh nuju ka kompleks teu baleg. Sanggeus ngaliwatan gapura, bener we di unggal imah di kompleks eta, aya awewe ngarora keur ngalalangeu, marake baju auzubillah .....buukna loba nu dicet rupa-rupa, tingserengeh ningali aya mobil ngaliwat. Terus terang, kuring lain jadi resep, tapi jadi sedih. Teuing pedah kuring geus kolot, da nu ting serengeh teh, kacirina umurna ngarora keneh, moal jauh jeung anak awewe kuring nu di SMA keneh atawa duka pedah kuring inget yen wewengkon Kepri teh tempat trafficking awewe nu asalna ti Jawa Barat. Loba awewe urang lembur ti wewengkon Jawa Barat, nu ditipu dibibita diajak digawe di Batam, padahal di tempat tujuan dijual. Kuring ngabayangkeun lamun awewe urang lembur geus kajeblos ka tempat ieu, moal bisa walakaya, maklum tempatna mencil kieu, sasatna ditengah leuweung ........ Si Pak Iyus muterkeun mobil di kompleks eta, terus balik deui ka jalan raya Tanjung-Pinang-Uban, nuju Base Camp. Di Base-camp aras-urus tepi jam hiji beurang. Geus sagalana beres, kuring, si J jeung Toni pamitan rek mulang. Rencana rek mondok heula di Batam sapeuting. Si J jeung Toni hayang neangan HP jeung kamera digital urut, nu cenah mah murah pisan di Batam, ari kuring mah rek ngalongok dulur di Batam, nu geus lila teu papanggih. Tapi waktu tepi ka Tanjung Pinang, nempo aya kantor biro perjalanan, nya mampir heula, maksud teh rek neangan tiket keur balik isukna ti Batam. Ari pek teh geuning aya penerbangan langsung Merpati ti Tanjung Pinang ka Jakarta, kakara dibuka saminggu katukang, harga tiketna keur promo Rp. 450.000. Hiberna jam 6 sore. Kabeneran deuih keur poe eta, masih aya keneh korsi kosong. Dipikir-pikir tinimbang kudu ka Batam heula, mending langsung balik poe eta keneh. Soal meuli HP urut mah, ah gampang di Bandung ge loba, ngan rada mahal saeutik. Atuh dulur kuring nu di Batam, waktu ditelepon, geuningan arek "mudik" ka Bandung saminggu memeh lebaran. Jadi engke oge bakal papanggih. Jam satengah lima sore, kuring geus di ruang tunggu Bandara Tanjung Pinang. Di ruang tunggu geus loba jelema nu rek ka Jakarta. Teu kungsi lila jebul aya nu asup ka ruang tunggu, awewe ngora dua urang, buukna dicet pirang, beungeutna pinuh ku kosmetik, make kacamata hideung nu teu leupas-leupas sakitu dijero rohangan, rokna siga nu beakkeun bahan, leungeunna kencana ngareupeul HP nu kacirina mah HP mahal, angkaribung ku babawaan. Boarding passna sarua jeung boarding pas kuring, jadi maranehna oge arek ka Jakarta ..... "Mudik meureun J, arek Lebaran", ceuk kuring ka si J nu keur neuteup wae kanu anyar asup teh, siga nu hookeun ........ [Tamat] Baktos, WALUYA

