"Lain kitu Karjo, nasib jelema teh teu sarua, ente mah untung boga 
dunungan bageur tur geus ngarti, sigana dunungan si Sutirah mah can 
ngartieun meureunan. Numatak ceuk didieu ge, pamarentah Indonesia, 
naha KBRI atawa depnaker kudu berperan, kudu bisa ngajelaskeun yen 
TKI teh kudu puasa di bulan suci. Pamarentah teh kakara bisa 
ngabebenjokeun ku nyebut pahlawan devisa ka urang-urang teh. Ari hal-
hal nu nyangkut kahirupan TKI teu diurus, jaba mun balik ka lembur 
di palak di Sukarno-Hatta," Sobariah noroscos bangun nu kagugah 
dadasar hatena. Pok deui manehna ngomong.

Ieu sempalan obrolan na carpon anyar Kang Ya dina jejer "NU PARUASA 
DI KOREA.

Nu Paruasa di Korea ngagambarkeun kumaha TKI Indonesia ngajalankeun 
puasa, salengkepna mangga bae aos dina Mangle minggu ieu No. 2138 
Kaping 4-10 Oktober halaman 28-30. Mangga geura ngagaleuh jeung 
langganan Mangle majalah etnis anu masih eksis di Indonesia. Sumping 
bae ka Jalan Lodaya No. 19 Bandung. Hatur nuhun.

Sonona

Kirim email ke