[Keom Sakedap] ALAREM
Nu pangsatiana dibulan puasa, ceuk batur kuring nu sakapeung sok gede rahul, 
cenah hape atawa beker. Mun diset alaremna ka wanci sahur, tara jalir jangji, 
sok langsung we ngirining ngahudangkeun. Matak teu aneh,manehna leuwih bogoh ka 
hapena daripada ka kikindeuwanana, da cenah kabogohna mah mun jangji teh kadang 
sok sulaya.

Basa keur aya keneh batur ngarengkolna, alarem nu sok ngahudangkeun saur teh 
lain wae sora hape, tapi sora kerek nu sare disabeulaheunana. Kalan kalan mun 
keur usum loba reungit, sora reungit oge bisa robah pungsi jadi alarem, atawa 
jorojosna minyak panas nu diancloman anak jaer didapur tatanggana oge pipilueun 
jadi alarem. Bisa dibayangkeun mun nu dianggap alarem ieu, disada babarengan 
mana teuing gandengna. Keur mah ceulina loba dedengean katambah irungna ngambeu 
melenghirna beuleum peda, atuh manehna ngorejat hudang bari ungas ingus kawas 
bagong leuweung neangan mangsa.

Kiwari puasa geus nek nincak lilikuran, nu sok geten ngahudangkeun ku kerek 
geus mulang kalemburna, reungit oge siga nu geus boseneun ngulampreng wayah 
janari, kitu deui didapur tatanggana, teu kadenge deui trongtrangna sora 
cungkir paadu jeung katel sumawona jorojos sora minyak panas. Bener bener rehe 
comrek. Ngan ukur sora alarem hapena, nu kiwari masih pengkuh nohonan jangji.

Peuting kamari wanci janari leutik, batur kuring nu sakapeung sok gede rahul 
ieu,sare ngarengkol sorangan, sanajan keur sare tapi paromana siga nu bungah, 
sihoreng manehna keur ngimpi kaheumpikan ku widadari. Bakating ku bungah 
korejat manehna hudang, rarat reret siga aya nu diteangan, da cenah sidik pisan 
widadari teh, neundeut pisan kana dadana, ngagepluk murag tiluhur. Pas ditilik 
tilik sihoreng geuning nu murag teh cakcak bodas nu kamalinaan ocon jeung 
baturna, antukna tokosewad tina lalangit. Bari bibirigidigan da ginggiapeun 
keneh ku sakadang cakcak,ragamang leungeun manehna cupu capa kana hape, terus 
dipencet, gebray layarna caang, katingali dipojok kenca hapena atra aya jaman 
anu karek nincak jam dua lewat lima menit. Lumayan cenah aya waktu sajam lima 
puluh lima menit deui ka saur. Nya guher deui we manehna sare.

Jam tilu janari, alarem hapena disada, nohonan jangji deui. Nu dihudangkeun 
jongjon we ngaguher, malahan ngiriningna sora hape jadi patembalan jeung sora 
kerekna. Bosen hayoh wae disada nepikeun ka peuyeuh, rep sora hape jempe 
kawantu batrena oge geus lowbet, atuh sora kerek teh tambah atra tur tambah 
ngageleger. Lima menit deui ka imsak mun keur mengbal mah geus asup injuri 
time, gurubug manehna hudang,gasak gisik kana panon, lumut lamot kana 
biwir,lutak letak kana bantal. Terus nganclomkeun curuk kana gelas nu saterusna 
dioleskeun kana sela sela panonna. Karek ge nek nyedok sangu tina boboko, 
kadenge dina tipi Gita Gutawa geus ngahaleuang lagu do'a puasa, nu nandakeun 
waktu imsak geus datang.  Sangu dina dipiring anu geus ditumpangan ku 
bakakak,ngan ukur dipelong. Sungutna kekerenyeman, dua leungeunna ranggah, husu 
menta perpanjangan waktu ka Gusti Alloh. Sanggeus kitu mah, celebek we manehna 
ngahenggoy bakakak semu nu ni'mat pisan. SR/KS/07

Kirim email ke