heuheuheuy....
angger jelema ieu mah mun teu katingali ngulampreng, pasti weh keur praktek
jang dicaritakeun dina carpon...

hawayu agan? iraha rek mulang?

On 10/4/07, syam <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    *[Keom Sakedap] ALAREM*
> Nu pangsatiana dibulan puasa, ceuk batur kuring nu sakapeung sok gede
> rahul, cenah hape atawa beker. Mun diset alaremna ka wanci sahur, tara jalir
> jangji, sok langsung we ngirining ngahudangkeun. Matak teu aneh,manehna
> leuwih bogoh ka hapena daripada ka kikindeuwanana, da cenah kabogohna mah
> mun jangji teh kadang sok sulaya.
>
> Basa keur aya keneh batur ngarengkolna, alarem nu sok ngahudangkeun saur
> teh lain wae sora hape, tapi sora kerek nu sare disabeulaheunana. Kalan
> kalan mun keur usum loba reungit, sora reungit oge bisa robah pungsi jadi
> alarem, atawa jorojosna minyak panas nu diancloman anak jaer
> didapur tatanggana oge pipilueun jadi alarem. Bisa dibayangkeun mun nu
> dianggap alarem ieu, disada babarengan mana teuing gandengna. Keur mah
> ceulina loba dedengean katambah irungna ngambeu melenghirna beuleum peda,
> atuh manehna ngorejat hudang bari ungas ingus kawas bagong leuweung neangan
> mangsa.
>
> Kiwari puasa geus nek nincak lilikuran, nu sok geten ngahudangkeun ku
> kerek geus mulang kalemburna, reungit oge siga nu geus boseneun ngulampreng
> wayah janari, kitu deui didapur tatanggana, teu kadenge deui trongtrangna
> sora cungkir paadu jeung katel sumawona jorojos sora minyak panas. Bener
> bener rehe comrek. Ngan ukur sora alarem hapena, nu kiwari masih pengkuh
> nohonan jangji.
>
> Peuting kamari wanci janari leutik, batur kuring nu sakapeung sok gede
> rahul ieu,sare ngarengkol sorangan, sanajan keur sare tapi paromana siga nu
> bungah, sihoreng manehna keur ngimpi kaheumpikan ku widadari. Bakating ku
> bungah korejat manehna hudang, rarat reret siga aya nu diteangan, da cenah
> sidik pisan widadari teh, neundeut pisan kana dadana, ngagepluk murag
> tiluhur. Pas ditilik tilik sihoreng geuning nu murag teh cakcak bodas nu
> kamalinaan ocon jeung baturna, antukna tokosewad tina lalangit. Bari
> bibirigidigan da ginggiapeun keneh ku sakadang cakcak,ragamang leungeun
> manehna cupu capa kana hape, terus dipencet, gebray layarna caang,
> katingali dipojok kenca hapena atra aya jaman anu karek nincak jam dua lewat
> lima menit. Lumayan cenah aya waktu sajam lima puluh lima menit deui ka
> saur. Nya guher deui we manehna sare.
>
> Jam tilu janari, alarem hapena disada, nohonan jangji deui. Nu
> dihudangkeun jongjon we ngaguher, malahan ngiriningna sora hape jadi
> patembalan jeung sora kerekna. Bosen hayoh wae disada nepikeun ka peuyeuh,
> rep sora hape jempe kawantu batrena oge geus lowbet, atuh sora kerek teh
> tambah atra tur tambah ngageleger. Lima menit deui ka imsak mun keur
> mengbal mah geus asup *injuri time*, gurubug manehna hudang,gasak gisik
> kana panon, lumut lamot kana biwir,lutak letak kana bantal. Terus
> nganclomkeun curuk kana gelas nu saterusna dioleskeun kana sela sela
> panonna. Karek ge nek nyedok sangu tina boboko, kadenge dina tipi Gita
> Gutawa geus ngahaleuang lagu do'a puasa, nu nandakeun waktu imsak geus
> datang.  Sangu dina dipiring anu geus ditumpangan ku bakakak,ngan ukur
> dipelong. Sungutna kekerenyeman, dua leungeunna ranggah, husu menta
> perpanjangan waktu ka Gusti Alloh. Sanggeus kitu mah, celebek we
> manehna ngahenggoy bakakak semu nu ni'mat pisan. SR/KS/07
>
>
>  
>



-- 
Dikdik
>>dicksvf.multiply.com<<

Kirim email ke