Perkawis leres henteuna eta wartos, wallahu alam, apan anu ngadamelna oge di
China,
mung bae sim abdi bade ngulas saulas perkawis "wartana".
Salah sawios nagara anu rempan ku kamajengan ekonomi China, nya eta Korea,
komo deui upami ninggali geografisna mah sakitu nampeuna, komo deui ninggal
lautna, nyasatna
saampar samak.
Komo deui waktos-waktos ieu barang-barang produksi China tos ngaleuyah di
Korea ti
ngawitan hasil tatanen sareng nalayan dugika barang komputer, kalayan pangaos
anu
mirah upami dibandingkeun sareng produk Korea.
Kanggo conto : Monitor LCD 17" buatan Korea pangaosna 250 rebu Won, upami
buatan China mung ukur 160 rebu Won.
Janten henteu aneh upami Korea noongan/ngintip, kacurangan/kalicikan China
(upami leres aya), maksadna supados kauninga ku ku dunya, atuh sahenteu ku
warga Korea.
Sabaraha welas taun kapengker, kantos media masa Korea ngawartakeun yen lauk
"chogi"
(salah sawios lauk laut anu seueur diala di laut China), sanggem dina warta
lauk "chogi" anu diimport ti China kirang sae/kirang raos.
Padahal pamayang Korea ngala eta lauk, tilaut kulon Korea anu saampar samak
sareng
laut China, sedengken pamayang China ngala eta lauk tilaut China keneh.
Nya kitu deui sabaraha taun kapengker mass media Korea ngawartakeun yen,
hasil tani
anu diimpor ti China ka Korea, sapertos cabe beureum garing, bawang bodas,
kualitetna
kirang sae dibanding hasil tani di Korea, namung kumaha buktosna, dugi ka
ayeuna eta
barang-barang ngaleuya dipasar-pasar, margi pangaosna amper satengah tina
pangaos
produk Korea.
Anu nembe pisan, taun pengker manawi teu lepat, mass media Korea rame
ngawartakeun
lauk laut sareng kapiting impor ti China dieusi lempengan timah, maksadna
kanggo nambih beurat timbangan, genjleung rayat Korea.
Namung saparantos ditalungtik, tetela anu ngeksport ti China, masih keneh
urang Korea.
Kuayana kajantenan-kajantenan sapertos diluhur, salajengna nyanggakeun kapara
ahli,
kanggo nalungtik sareng ngabuktoskeun leres henteuna eta wartos.
Wallahu alam.
Pihatur,
ssw
Hasan Supriadi [EMAIL PROTECTED]
ka Apih Siddik atanapi Kang Yaya...
mugi tiasa "konfirmasi" masalah wartos ieu... leres heunteuna...
^_^
Recent Activity
15
New Members
1
New Photos
1
New Files
Visit Your Group
Need traffic?
Drive customers
With search ads
on Yahoo!
Find Enlightenment
Yoga groups and
resources on
Yahoo! Groups.
Yahoo! Groups
Going Green
Share your passion
for the planet.
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda