Jelang buntut minggu urang ngobrol santey masalah
Globalisasi.
Globalisasi..Naon eta teh ? Saha wae anu nganiley eta
? Kumaha Nagara urang naggapna ?
Sacara popular loba pisan anu nganggap yen Globalisasi
teh samacem gerakan..kulantaran mindeng diowor2
kunagara maju, kaum intelek..kaum pengusaha
international jeung para Birokrat. Bener kitu ? Mun
ditingali tina kajadian prosesna mah
Globalisasi teh
nggeus jalan leuwih ti 100 taun katukang. Kulantaran
aya kagiatan manusa dina dunia dagang..ti mimiti
domestik , terus antara wewengkon, ningkat antara
Nagara..nepi ka sakubeng dunya. Sajalan jeung kamajuan
teknologi khususna diwidang angkutan jeung
telekomunikasi jeung IT, ieu kagiatan dagang teh luar
biasa majuna..sampe2 cenah teu ngenal batas Nagara.
Kulantaran kamajuan teknologi ieu, teu bisa dibendung
deuinya eta timbul pargerakan manusa antar
Nagara..neangan boh gawe, boh dagang
.timbul pananaman
modal dinagara sejen atawa sabalikan ti batur kaurang.
Kasempetan ieu loba digunakeun ku Pausahaan raksasa
(TNC/MNC) anu salawasna neangan kasempetan keur
neangan kauntungan sagede2na. Kulantaran efek atanapi
akibat pargerakan manusia ieu.terus proses Globalisasi
ieu dihartoskeun oge kana pargerakan budaya jeung
sosial. Mun nggeus tepi kana masalah budaya jeung
sosial, nya terusna ngarembet mangaruhan kana Pulitik
jeung tina dagang ngaluas kana sistim Ekonomi.
Naon hasil proses Globalisasi teh ? Naha ieu Peluang
atanapi Ancaman ? Nya keur Nagara atanapi jelema anu
ngartos sareng tiasa ngamanpaatkeun ieu proses ieu
tangtuna Peluang, sabalikna keur anu kagele kulantaran
teu tiasa ngamanpaatkeun proses ieu nyebatna Ancaman.
Saha wae cing anu ngaraos ka Ancam ? Utamina Nagara2
miskin anu nganut sistim ekonomi katutup sareng Kaum
padamel di Nagara Maju. Sieun aya banjir padamel
murah ti Nagara kirang Maju anu bakal ngageser posisi
maranehna. Ti urang ngan masih tingkat TKI jeung TKW
unskill. Anu skill kawate ka Kuwait, Abu Dhabi, Korea,
Jepang sareng Silicon Valley.
Kumaha hasil proses ieu ayeuna di efekna kana
kasajahteraan Nagara jeung jelema.
1. Aya 42 Nagara anu keur Ngembang jadi miskin,
padahal jumlah jelemana 90% ti jumlah jelema di dunya.
2. Sanajan rata2 GDP per Capita dinagara2 eta naek
dibanding ka taun 30an, tapi jurang kasajahteraan
antawis golongan kaya sareng miskin cewaw (menganga)
3. Aya 2 blok Nagara2 anu tiasa ngamangpaatkeun sabage
Peluang tina proses ieu2, nyata Nagara2 maju anu loba
Kapital (Duit, Human) , sabalikna Nagara2 anu teu
tiasa ngamangpaatkeun peoses ieu kulantaran kawates
dina Human Capital, Financial Capital sareng Internal
Politics jadi balangsak siga RI (heranna di nagara anu
balangsak siga RI, aya sababarah jelema anu asup
daptar jelema beunghar klasipikasi dunya).
Kulantaran eta Nagara2 maju ngabentuk Benteng ku
ngadirikeun bonding MBE jeung duit EURO na, ASPAC, ATC
jrrd.
Kulantaran hasil proses Globalisasi ieu kurang
nyugemakeun mayoritas jelema didunya, WAJAR loba
panileyan negatip kana proses ieu, padahal teu nyaho
saha anu ngamimitian proses ieu..jeung naon tujuan
awalana teu jelas. Tapi aya Nagara2 maju anu pinter
ngamangpaatkeun, jadi manehna katempuhan dianggap
biang kerok. Manehna anu ngayakeun GERAKAN GLOBALISASI
teh. Kapanggih siah !
Kunaon loba jelema ribut ku proses ieu, padahal pan
normal2 wae , euweuh paksaan kudu milu ? Mun milu oge
kalibet pan kulantaran kapaksa lain dipaksa ?
Urang kudu ribut ka Pingpinan Nagara (eta oge mun
bisa) urang sorangan jeung Bapa2 di DPR (sarua ieu oge
mun bisa jeung mun didenge, pan maranehna
mahpalalinter !), anu ahli studi banding tea, lantaran
jelas2 lamun urang teu bisa neangan PELUANG tina
proses Globalisasi ieu Nagara urang jeung rakyat bakal
kapuruk kana Kamiskinan massal. Istilah kerennya
terjadi PROSES PEMISKINAN, IMPOVERISHMENT (KU Saha,
Ceuk Saha ? ieu mah teu penting), pokokona MISKIN.
Kulantaran nyangkut kana masalah Kamiskinan (Poverty),
aya saena ngabahas kumaha pandapat golongan2, sasuai
kapentingannana;
a) Konserfatifis,-Positivis:
Ngadasarkeun kana Pasar Bebas jeung Kabebasan
Pulitik anu bisa ngajamin Desentralisasi. Nurutkeun
kaum ieu bedana strata sosial teh kulantaran aya beda
dina bakat masing2 jelema. Beda bakat ieu anu
ngahasilkeun beda pendapetan tea. Pendapetan ieu anu
disebut individual property righst anu kedah
dijungjung ku Konstitusi. Nurutkeun golongan ieu,
kamiskinan teh kulantaran salah sorangan ti individu
atanapi grup, kurang pinter, kurang giat atawa
parantos kakurung dina Kultur Kamiskinan (poverty
culture) anu alim sareng hese dirobih. Nurutkeun
golongan ieu, issue Kamiskinan bisa pulih dina
tenggang waktos anu lami numutkeun proses trickle
down. Ieu anu nyababkeun golongan ieu nolak
Pamarentah ulubiung dina urusan Kamiskinan, kulantaran
ceuk maranehna ngan bakal nyieun jelema beuki males
jeung ngagantungkeun hirup ka Nagara. Golongan ieu
saca teori teu paduli masalah2 sosial.
b) Konevensionalis- Liberalis.
Nekenkeun kana hak individu, manusa boga hak mutlak
keur ngahontal kahayangna saloba2na jeung nangtukeun
jalan hirupna. Golongan ieu dina Ekonomi percaya ka
Pasar Bebas anu Epektip jeung Kompetisi anu Jujur.
Pay by Performance. Kredensial rek S1 atawa S2 atawa
S3 teu penting, anu penting bisa jeung Kabuktos.
Nurutkeun golongan ieu, kamiskinan kulantaran Struktur
Aparatur Nagara nu aya HENTEU EPEKTIP. Ieu kudu
dirobah supaya jelema sarerea ngabogaan hak anu sarua,
ngabogaan kasempetan anu sarua, ulah aya diskriminasi
disagala widang kaasup Jender. Kapastian hokum,
kabebesan beragama, kabebasan Pulitik kudu aya.
Pamarentah kudu didorong leuwih peka kana masalah
sosial; conto kudu ningkatkeun palayanan kanu miskin
jeung kanu cacad, nyiptakeun paluang gawe anu
loba,nyiptakeun parumahan massal anu kajangkau ku
umumna rakyat, nyiptakeun kasempetan kana pangrataan
pendidikan.
c) Transformatif- Realis -Radikal
Nurutkeun golongan ieu hakekat Ekonomi, Budaya,
jeung Pulitik kudu ditujukeun bebeakan keur
ngaleungitkeun Budaya Miskin. Kulantaran pada
prinsipna jelema teh sipatna Kooperatif, Produktif
jeung Kreatif. Lamun aya jelema anu teu tiasa
ngembangkeuntilu sipat anu disebat dipayun ieu teh
kulantaran diteken ku Struktur/Sistim (korban)
Kamiskinan dianggap ngan nyokong kapentingan grup anu
dominan, group elite/borjuis jeung grup Kapitalis.
Pamikiran anu disumbangkeun tangtuna Dialektis
radikal. Tina golongan ieu biasana timbul teori
Konspirasi yen Globalisasi teh nyaeta suatu GERAKAN.
kaum kapitalis keur nguasaan dunya, gerakan anu rek
meakkeun SDA di Nagara kurang maju, Gerakan demokrasi
Amerika keur nguasaan dunya, jrrd. Biasana nawarkeun
solusi tingkat Macro anu dina prak2an namah hese
dijalankeun; kulantaran teu langsung kana obyek tapi
kana Konstelasi sistim Makro Pulitik.
-Kamiskinan numutkeun Fr Mangun (1985), diakibatkeun
ku Struktur di Nagara, tappi numutkeun JK Galbraith
(1979) mah sanes Struktur wungkul, oge kulantaran
Kurang Kapital jeung Kaahlian Teknis.
Titik anu sok ditawarkan biasana;
- Ngayakeun Organisasi Masa.
- Nyampurnakeun fungsi Legislasi
- Ngaleungitkeun Birokrasi jeung ngabalikkeun funsi
Palayanan Masyarakat.
- Ningkatkeun pangalolaan Kapentingan Umum jeung SDA
- Restrukturisasi Ekonomi jeung Kasempaetan Gawe.
- Orientasi arah Pangdidikan jeung Panalungtikan.
Sayah mah teu ngomentaran jeung ngadukung salah sawios
isme anu diluhur (Kulantaran seneng kana Hibrida
sareng Relatifisme tea), tapi concern kana patarosan
; Bisa henteu Pamarentah RI jeung DPR RI ngartikeun
proses Globalisasi, terus neangan Paluang keur
ngasejahterakeun rakyat RI sakabehna ?
____________________________________________________________________________________
Boardwalk for $500? In 2007? Ha! Play Monopoly Here and Now (it's updated for
today's economy) at Yahoo! Games.
http://get.games.yahoo.com/proddesc?gamekey=monopolyherenow