Sim kuring kapungkur SD na oge di SDN Jatihandap I ... pun biang & pun bapa 
linggih di Jl. A. Yani sapaliheun toko obat cina ("engku"). Dugi ka ayeuna 
sepuh mah masih di Cicaheum. Ayeuna sim kuring mah dumuk teh di Margahayu Raya 
pengkereun MTC ...... Ngalaman PJKA aya kana 7 taunan, mung selang-seling. ti 
taun 1986. Biasa we kajurung ku pangabutuh .. he .. he.., ngawitan Agustus 2007 
pulang anting deui PJKA, saatos 8 taunan ngahenen di Bandung.  

Sok wararaas ari emut ka Jatihandap teh ... da kapungkur mah jalana teh asa 
lalega & iuh, da nikreuh ka tonggoh oge (bade sakola agama di mama haji Bakri), 
teu karaos cape. Ayeuna mah Jatihandap teh meni hareurin, seueur ojeg pasuliwer 
....... Nuju jaman SMA mah sim kuring sok remen "cross country" ka Caringin 
Tilu, Batu Loceng teras bras ka wewengkon Cibodas Lembang ....... nu harita mah 
alamna masih someah ... iuh, tiis, kamalirna masih herang caina ... duh asa 
karaos pisan kajembaran Gusti Nu Maha Agung (emh .. janten ramisak yeuh ... 
sono ka alam ka tukang ...)

Kang Asep ngintun file gambar ? Naha ku sim kuring teu tiasa katingal .. 
boa-boa goib ?

Wassalam,

Ade GD

----- Original Message ----
From: SPB-OQA. Asep Heriandi <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Friday, October 5, 2007 11:19:07 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd: nepangkeun

Wa'alaikumsalam kang Ade,
Mangga linggih, wilujeung sumping si babakan.
 
Aeh... geuningn aya urang jatihandap, palih mana Jatihandapna kang??
Sim Kuring oge asli ti Jatihandap, peungkereun pisan SDN Jatihandap mung kiwari 
nuju djarambah di Batam.
tos lami di PJKA kang? tos kaalaman teuacan salah ukur model kieu di betawi??

 
Asep Gochunk Heriandi
 
 
----- Original Message ----- 
From: Ade Gunardi Didi 
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com 
Sent: Friday, October 05, 2007 10:40 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd: nepangkeun


Assalamu 'alaikum saderek sadayana,
 
Sim kuring oge bade ngiringan nepangkeun .... wasta Ade Gunardi (ti alit dugi 
ka tos huisan oge teu weleh disauran Ade wae), linggih di Bandung, ageung di 
Cicaheum sabudeureun Jatihandap, kuli di Betawi (janten PJKA, pulang Jumat 
kembali Ahad).

Wassalam,
 
Ade GD
Recent Activity
 14New Members
 1New Files
Visit Your Group 
Need traffic?
Drive customers
With search ads
on Yahoo!
Fashion Groups
on Yahoo! Groups
A great place to
connect and share.
Real Food Group
on Yahoo! Groups
What does real food
mean to you?. 



       
____________________________________________________________________________________
Looking for a deal? Find great prices on flights and hotels with Yahoo! 
FareChase.
http://farechase.yahoo.com/

Kirim email ke