Note: forwarded message attached.
-----------------------------
http://www.urang-sunda.or.id
-----------------------------
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ
--- Begin Message ---
Sampurasun..
Assalamu'alaikum wr.wb.
Wilujeung wanoh wae ka kum-na dulur sadaya. Hapunten yeuh bade ngiring aub,
ngareuah-reuah ieu milis.
Sateuacana atuh nepangkeun heula, wasta pun Cecep Ernanto. Nelah disebut Cecep,
ari di kulawarga mah nya sok Nanto wae atawa Ernan. Kawit ti Garut. Bibit buit
mah ti Kp. Tanjungpura Desa Lengkongjaya, Kec. Karangpawitan, eta mah rundayan
ti ema. Ari ti Bapa mah bibit buit urang Cianjur, Kecamatan Pagelaran.
Kiwari simkuring nuju nyuprih elmu di Jurusan Pendidikan Basa jeung Sastra
Sunda - UPI, parantos semester 7.
Ari kalangenan, sok ruang-riung dina organisasi boh organisasi atikan,
organisasi kapamudaan, atawa organisasi nu aya bau-bau kasenian jeung
kabudayaan.
Lantaran kitu, ayeuna teh nuju kapapancenan janten Kabid Pendidikan &
Kebudayaan Asgar Muda. Lian ti eta sok keur ngeureuyeuh ngaheuyeuk toko buku &
lembaga kajian kasundaan (Jatiniskala Society).
Sakitu heula panginten!
kaleresan dinten ieu di Jurusan Sunda nuju aya kagiatan porak, aya boy-boyan
jeung jajangkungan (egrang)...
Mangga ah, mugia wae dibageakeun ieu sim kuring.
Haturnuhun....
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo!
Answers
--- End Message ---