Heu...heu...
Tanggal 10 Oktober '07, Bos leutik meunang surelek ti customer nitah datang ka 
Johor Malaysia kulantaran aya masalah kualitas produk anu teubisa di 
engke-engke pajarkeun ceuk bahasanamah URGENT!!!. Bos nyalukan kuring nu keur 
nonggongan manehna bari anteng mariksa jeung macaan surelek.
Kuring malik bari curinghak...nanya "ada apa pak?", bos merenyaho yen aya 
masalah qualitas produk di customer anu seurieus bari ngageserkeun laptopna 
nempokeun sangkan kuring eces jentre kanu poto anu dikirim tina surelek.
Bos gede orang Jepang anu diuk di katuhuna ukur nyerengeh meunang inpo eta bari 
nunjuk ka simkuring "Asep san go to Maraysia na'...!"
Cilaka duabelas kuring anu dititah indit, keurmah di Malaysia keur loba masalah 
jeung Indonesia, trus nu paling ngabeuratkeun kuring indit lantaran 2 poe deui 
rek lebaran.
Numutkeun anu enggeus2 lamun teu asak-asak urang meeting jeung negotiate bisa2 
leuwih ti 2-3poe, biasana manehna menta sorting / rework kana produk anu keur 
masalah eta komo bari jeng jumlah produk nu aya di customerteh loba.
    Saberesna meeting, nya di tangtukeun kuring dibaturan ku tilu orang. Dua 
orang ti bagian enginering jeung saurang deui ti bagian gudang.
Barudak teknisi di calukan karuang miting dibere nyaho maranehna kudu indit 
ngabaturan kuring ka Malaysia, maranehna dititah nyiapkeun babawaan jang 
pagawean diditu. Saenggeusna panceug kuring nukudu indit kuring nelpon ka 
indung budak di rorompok anu keur sibuk ngadonan kueh jang persiapan lebaran.
    Beres nyiapkeun dokumen ti mimiti paspor, surat jalan, ngabooking feri, 
jeung nyiapkeun duitna kuring mulang ka imah jang salin jeung mawa pakean.
Indit tikantor jam satengah sabelas saenggeus kabeh barudak nu rek maturan 
kuring kumpul di tempat nu geus dijangjikeun, bos ngawanti-wanti "cing ati-ati 
didituna tongpoho paspor babawa mun rek kaditu-kadieu".
Dianteurkeun ku supir kantor ka pelabuhan Feri Batam center, nepi ka pelabuhan 
jam sabelas kurang sapuluh menit. Jrut kabeh panumpang turun bari nganuhunkeun 
kasupir anu geus nganteurkeun.
Kuring asup ka area pelabuhan, trus ngajugjug konter tiket feri Pintas Samudra 
anu tadi di booking ti kantor. Awewe anu di konter ngagelenyu imut nembongkeun 
someahna bari nanya "Mau Ke Johor pak?"
"Iyah..." Tembalkuring
"Berapa orang..?"
"Empat orang, tadi kan dah di booking dari Sanyo!"
"Oiya...tunggu sebentar pak!" manehna muka laci bari nyokot data bookingan 
tiket anu geus disiapkeun.
Kuring ngumpulkeun paspor nu barudak jang nyocokeun data di eta konter.
"Mau one way ato two ways pak?" manehna nanya bari nunjukeun daftar harga nu 
ditempel dina meja loket
"Two ways aja lah... biar sekalian" tembal kuring negeskeun kamanehna, harga 
tiket PP leuwih murah saeutik batan urang meuli sabalik.
Crek kumanehna di ketik ka komputer bari menta pasporna di kempelkeun kamanehna.
"Semuanya Rp.980.000 dah termasuk passanger pass" bari merong ka beungeut 
kuring.
Kuring ngaluarkeun dompet kabeneran duit nu dina dompet ngan ukur 700rb, "pake 
dolar boleh kan mbak?" ceuk kuring.
"O...bisa" manehna bari ngaluarkeun kalkulator jang ngitung ongkos ku dolar.
"Kurang brapa pak, ini kebetulan saya ada?" aya salah sahiji budak teknisi si 
"W" anu kabeneran mawa duit nawaran.
Saeunggesna cukup tiket dibayar, solongkrong awewe tadi mikeun tiket jang 
bulak-balik jeung permitna anu di selipkeun dina paspor masing-masing.

[nyambung...]

Kirim email ke