Assalamu'alaikum wr wb.
Haturan baraya sadayana sim kuring Nata tea anu tos lai teu ngiring
ulubiung dina gogonjakan ieu milis,
hapunten anu kasuhun, hampura anu di teda, sanes hilap , mung nya kitu ka
dorong ku rasa isin pedah jarang ngintun komentar
da sesah gening ngadamel kata-kata sareng basa-basi anu sae teh, sakalai
deui hapunten pisan.
Atuh sakantenan sim kuring seja ngahaturkeun wilujeng boboran siam 1428
H, hapunten lahir sareng batin, anu tangtos Nata
seueur kalelepatan sareng kakirangan ka wargi2 sadayana, sim kuring dugi ka
danget ieu mung tiasa elol-elolan wae ka milis teh bari
macaan kintunan ti sadayana, meni rame tur resep ku macaan nana.
Khusus kanggo para kuncen ieu milis, Nata ngahaturkeun rebu2 nuhun tina
perkawis di widian nana ngiringan di ieu milis dugi ka danget kiwari,
lumayan parantos seu-eur elmu anu di pulungan ku sim kuring, mugia bae Gusti
Allah ngabales tina kasaean sadayana, amiin.
Salam baktos sareng sono kasadayana
Nata