Yayan Mulyana
[EMAIL PROTECTED]
GPK
Geus ilahar pisan mun tiap lebaran the sok ngariung jeung
babaturan sakola heubeul. Basa H+1 poe ahad pasosore geus aya sms kudu
ngarumpul heula di imah babaturan nu lokasina mah teu jauh ti imah uing.
Nya di imah eta the bari nanggoan heula magrib-an heula atuh da
nu daratang the sok jam karet pisan, jeung deui kusabab geus magrib, nya
magriban heula jeung bari kukulutus the di jero hate geus kabiasaan ngaret
maneh mah.
Aya kanu lima-an nu deuk mangkat ka Ciater teh, ari kanu dijugjug
n amah make kandaaraan roda dua nyatea motor tea, nu mawa motor nang tilu jadi
nu duaan ngabojeg nu hiji deui mah solo run weh.
Sanggeus kitu mah naek motor weh ti Pasir kareumbi ka Ciater teh,
nua kusabab waktu eta mah masih lebaran keneh loba jalma nu mawa motor ting
seleber di jalan raya teh, aya nu mawa ganas/danas dinu motorna bari ditalian,
aya oge nu mawa truck nu mana dinu back na loba jasa jalma nu deuk wisata ka
hiji tempat.
Dinu hiji pengkolan patrol nu mana deukeut jeung tempat wisata
kuliner atawa kadaharan nu kawentar di Subang, nyatea Sindang Heula Abah,
ngadadak motor uing nu ditumpakan ku babaturan mogok, res inget da basa deuk
mangkat teh bensin nang diisian teu full. Nya antukna mah kapaksa didorong aya
kanu sakiloan ka Pom Bensin teh, sabab samemeh na deuk diisian bensin di Pom
Bensin nu deukeut imah geus beakeun.
Geus bensin diisian di Patrol teh si motor jagjag deui laju weh
ka jalan cagak, saheulaan mah babaturan hayang nyemah heula ka daerah Ciseuti,
sukur weh babarutan teh aya diimah na, nya ri kuring mah langsung ka tivi sabab
hayang nenjo mengball liga inggris pas waktu eta teh sakadang MU maen di LATIVI.
Teu lila aya dulurna nu boga imah antukna weh teu bisa nanaon,
nya balik deui weh ka ruang tengah jeung nu sejen, sabab dulur nu boga imah teh
keur resep nonton sineron Solehah. Bari rada kesel weh ngadaharan kue nu aya di
tengah imah.
Teu kungsi lila aya opor daging jeung kupat nu disadiaan ku
pamajikanna babaturan, nya kusabab barudak mah teu boga kaera katut uing ge,
teu antaparah weh di dahar eta opor teh sabab da lapar tea mawa motor teh.
Sanggeus teu lila kabehan pamitan heula deuk ka Ciater da tujuan
utama mah ka Ciater tea deuk ngeeum jeung ngabeuelum ketan bari haneut-hanuet
sok komo ditambah bajigur jeung udud tea mah ceuk babaturan.
Teu lila aya kanu 15 menitan geus nepi ka CRR/ Ciater Riung
Rangga jeung deui hawa tiis teh geus nyelecep kanu awak, matakna hayang
buru-buru ngeuem di Ciater. Teu lila geus nepi ka imah nu dituju, kasaprak
babaturan geus aya di imahna sakalian sasalaman barudak teh. Nya natukna mah
reureuh heula, tapi babaturan mah ngajak uing ka luar ka Panaruban ka tempat
panangkaran Heulang nu ngaranna Raptor Center.
Aya jam 10-an ka Panarban teh make motor, jeung lumayan jalan teh
poek mongkleng maklum can aya lampu kadinya teh jeung deui hawa gunung nu tiis
teh meni-meni pisan. Teu lila geus nepi ka basecamp na, kasaprak aya cep Cece
nu jaga didinya. Nya geus nepi kadinya mah sakalian ngobrol ngaler ngidul jeung
ngadu bako ngadu wadul bari naggoan tunduh.
Teu lila aya sms ti babaturan bari pundung cenah mah teu
ajak-ajak kadinya, heheh da maklum ari rencana dadakan mah ka Panaruban, jeung
deui mun balik deui ka Ciater kiwari geus jam 12-an peutingan mendingan nare di
Panaruban wae, lumayan bisa rada haneut.
Isuk-isukna aya jam 9-an, kuring hayang menta anteur ka Cece
hayang nganjang ka imahna Abah Idrus, sabab sok sanajan di Subang kuirng mah
jarang pisan papanggih jeung manehna. Tapi nang hanjakal teu aya nuju di
Bandung, nya antukna mah balik deui weh ka Basecamp teh. Bari balikna lewat
kebon teh motoan pamandangan keur koleksi uing.
Pas balik deui ka basecamp cece ngajakan ningalian panangkaran
heulang tea, teu jauh ti basecamp. Eta tempat teh bentuk na mah segi opat nu
mana make jaring tiap kandang aya hiji heulang keur di monitoring. Sabab eta
heulang teh kaasou heulang nu geus langka pisan sok komo heulang bondol atawa
si lodra.
Didinya heulang teh meunang na ti pamburu liar, masarakat atawa
heulang anu ditewakan kanu koleksi heulang. Nu katenjo mah heulang na didinua
aya kanu 8-an, jeung deui basa dideukeutan teh meni gararagah pisan. Jeung deui
ceuk babaturan mah manuk dadali teh heulang tea. Aya deui carita di tempat
panangkaran nu tempat na jauh di basecamp didinya kungsi pisan aya heulang
bondol leupas tinu kandang na ceuk cenah mah si kawat na teh aya nu muka.
Tapi basa poe eta, cece ka hiji tempat nu jauh deui didinya ceuk
manehna aya heulang ngadon nare di tempat eta sabab kapeutingan, jeung deui
jigana mah apal aya babaturanna di tempat eta.
Sakapeung sanggeus si heulang siap di aburkeun di dunia bebas teh
teu sagawayah pisan kudu dilepaskeun kitu tapi nang kudu ningali sikap moril
manehna naha geus siap jadi raptor deui di alam bebas, sakapeung nu geus bebas
teh kusabab meureun kadaharan na geus jarang sok newakan hayam masarakat,
antukna weh Raptor Center nu alamatna di desa cicadas sagalaherang subang teh
kudu nawur hayam di tewak ku si heulang tea.
Nu mana volunter nu ilibiung dinu ieu organisasi teh geuningan
timana mendi aya ti UPI,UNPAD aya oge nu kasangtukangna ti Pasantren jeung na
deui moal salah pisan pasti resep nge-track atawa ngaprak atawa leuleuweungan
tea.
Nang hanjakal pisan satadina mah kadinya teh deuk neangan kaos nu
gambarna Heulang tea jeung stiker na sok komo mun aya baju nu beda tibatur mah
kan rada ngeunah moal sarua, tapi kamari mah beak, nya antukna mah ka Cece teh
mun aya kaos teh kuring menta di bejaan deuk mesen kaos na.
Cah Acg
---------------------------------
Yahoo! Answers - Get better answers from someone who knows. Tryit now.