Yayan Mulyana
  mailto:[EMAIL PROTECTED]
       SUKONG
             Dina hiji tempat nu lumayan rada lega, aya dua budak nu keur ngadu 
kaleci. Ieu tempatna mah di buruan imah nu kebul, sabab hujan geus rada lila 
teu turun di ieu tempat. Jeung na deui tempatna oge lumayan rada teu rata loba 
batu nu mucunghul jeung tembok da deukeut pisan ka imah teh.
             Ceuk hiji budak teh, ngadu kaleci yuk “mi” lima daek teu, sok lah 
ceuk hiji budak teh bari ngaluarkan kaleci na nu ukuranna na mah standard, 
sabab didieu mah jarang ngadu kaleci teh make “golondo” teh. Sok komo kaleci na 
teh masih alalus keneh jeung ceuk manehna mah mun meli kaleci teh 100 perak teh 
meunang 6 kaleci.
             Maen naon euy, ceuk si pillong teh budak nu umurna rada geus 
dewasa kira-kira aya 17 tahun-an mah, nu hiji deui mah ngaranna si soleh umurna 
masih 13 tahun keneh mah jigana masih sakola di SD keneh, urang maen “buledan” 
weh ceuk si soleh teh bari nyieun buledan laju si kaleci teh di simpen ditengah 
buledan jeung si pillong ge nyimpen kacelina.
             Urang “ber” hiji ach, manu dua nya, ceuk si Soleh bari ngalungkuen 
“kojo” na. Si “kojo” na si Soleh mah pang”kur” na, laju weh maneh na, 
“nyentang” si “kojo” na ka buledan nu loba kalecina, ctes sora kalecina beunang 
ka gundukan kalecina nu loba,kalecina na paburisat nang hanjakal si “kojo” teh 
“depot” antukna si Soleh eleh maen kalecina.
             Laju weh si Soleh , ngadu deui “mi” lima deui ach, jeung maneh na 
“ber” hiji deui, nang manehna rada deukuet ka buledan teh, si Pillong 
ngamimitian nyentang kaleci na bari make gaya “torolong” nya si kaleci nu aya 
dibuledan teh rada ka “potes” nang sabab kena ka si soleh nu ngahalangan 
antukna ceuk si pillong teh “blep” ach, da posisina ngeunah pisan, si soleh teu 
eleh geleh “dur” ach, nya si pillong ngelehan antukna si soleh rada ngalungkuen 
“kojo” na si pillong rada jauh.
        Si soleh nyentang deui kalecina, kaleci nu loba teh paburancak deui 
tinggal nyesa deui babaraha hiji, laju weh maneh na nyentang deui ceuk si soleh 
teh “standing” mah ngeunah euy nyentang na laju weh maneh na “bebe” ka buledan 
nu tadi, ayeuna giliran na si pillong nyentang “kojona” ctes benang kaleci nu 
dijero nang hanjakal si kalei teh neunggar tembok bari beunang deui ka si 
kaleci nu aya di jero buledan.          Ceuk si soleh teh “teu ban balik ach”, 
nya ngelehan weh si Pllong teh, sabab “kojo” na teu jauh jeung buledan teh, nya 
manehna nyedet si “kojo” ka arah “kojo” na si Soleh, nya antuk na jadi “stick” 
si Soleh eleh deui, teu kungsi lila datang hiji budak deui nu umurna sababad 
jeung si Pllong, “Sukong” lah urang jeung maneh leh, ceuk si Aris. Ke deui ach, 
urang geus eleh wae jeung si Pillong, si Pillong naratas deui mana “pamuntahan” 
na kaleci teh dieukeun, si Soleh mere “pamuntahan” na, urang maen rentegan 
daeuk teu maneh “Sukong” jeung si Aris. Mun menang
 kieu wae mah urang bisa meuli tebeng keur motor yeuh ceuk si pillong.
     Cag ach.
  
       
---------------------------------
 Yahoo! Answers - Get better answers from someone who knows. Tryit now.

Kirim email ke