Assalamu'alaikum wr.wb.,

 Kahatur : Sadaya wargi milis [email protected]

Waktos HBH tinggal ngetang dinten ayeuna tos H-9, susu ganan ayeuna mah tos
aya katangtosan bade ngiring atanapi heneuna, aya acara sanes atanapi
henteuna tos katoong sugan, Sakali deui we ieu mah moal bosen2, bade nawisan
kanggo baraya sadayana anu aya di milis KUSnet ieu teu aya anu di
wilah-wilah estu sadayana anu ngaraos ngiringan ieu milis,

Simkuring oge rengrengan panata calagara sareng sesepuh KUSnet,seja ngulem
ka para saderek sadayana kanggo sumping dina acara Halal bi Halal KUSnet
2007, anu rencana bade diayakeun :

Tempat : Bumi Perkemahan Mashudi (kiara Payung) Jatinangor

Waktos : Dinten saptu ping 27 Okt.'07 jam 10:00 dugi ka dinten Minggon ping
28 Okt.'07 jam 12:00

Acara : - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan antar anggota milis

- Ngaleler Pangajén ka Budayawan / Seniman seni Sunda buhun

- Ceramah Kasundaan

- Pintonan Kasenian SUNDA

- Bazaar KUSnet

- begadang bari siduru, bari beubeuleuman jsté.anu diteraskeun enjingna ;

- Bakti Sosial kanggo masyarakat sabudeureun lokasi HBH



Kalintang pentingna ieu acara kanggo urang sadayana, terutami kanggo tetep
ngajaga,ngariksa sareng manjangkeun tali silaturahim diantara papada Urang
Sunda sadayana,khususna anu aya dimilis KUSnet ieu,kukituna di harepkeun
pisan kana kasumpinganana para saderek sadayana.

Atuh kanggo anu bade ngersakeun rurumpaheun sumping kana ieu acara, sim
kuring meredih nyuhunkeun karidoanana kanggo daftar heula sateuacana,
supados tiasa ngabantos kana kalancaran administrasi sareng gampang
utang-etang waragadna kanggo rengrengan panata calagara.

Kukituna mugia para saderek kersa ngeusian heula formulir dipalih handap ieu
:

-----------------------------------------------------------------

FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2007

27 ~ 28 Oktober 2007

Ngiringan : Badé / Moal (pilih*)

Nami :.....................................................

Padumukan :................................................

I-mél :....................................................

No. telpon / Hapé :........................................

Jumlah nu badé sumping : ..... dewasa & .... murangkalih

Kendaraan : Motor / Mobil / Umum

-----------------------------------------------------------------

teras dikintun deui ka milis atanapi langsung di Japri(jalur Pribadi) ka
kang Ndoell : [EMAIL PROTECTED]

Hatur rewu nuhun kana sagala perhatosan para wargi sadayana.



wassalam,

Panata Calagara HBH KUSnet 2007,



-toni sofian-

Kirim email ke