sakali useup urang dilegleg ku lauk, saterusna eta
useup jadi 'bangenan'. Kitu panginten ngagambarkeun,
upami tulisan urang tos midang di media, saterasna eta
media jadi gampil ngamuat hasil karya urang.

Tapi aya sarat sanesna, upama hiji tulisan 'diajenan'
ku redaksi media, nya eta perkara topik sareng
referensi. Dina kasus seratan Uwa Sasmita, topik anu
diangkat teu acan seueur  digarap ku penulis sanesna.
Tapi mangpaatna seueur/ageung pikeun balarea. Atuh
referennsina oge, kaetang rada luar biasa oge, aya
kutipan pamikiran urang asing. Perkara ieu, bahan
atanapi referensi, Dina hiji waktos Uwa Sasmita kantos
ngobrol sareng kuring, cenah ku ayana internet, gampil
pisan milarian bahan seratan atanapi referensi, kantun
'lalayaran' wae di google. Tapi nya kitu tea,
nyeepkeun waktos sareng kedah sabar.

Tapi aya kritik sakedik kanggo Uwa Sasmita. Padahal
mah kanggo bahan referensi dina seratan Uwa Sasmita,
dilebetkeun info anu paling enggal, perkawis pabukonna
KUSnet di wewengkon Jawa Barat. Jigana teu acan aya
data saeng info anu akurat perkembangan sareng kaayaan
pabukon di derah-daerah.
Hiji waktos mah, pengelola pabukon di daerah sina
ngadongeng/nyerat pangalamanana, teras diedit ku Uwa
Sasmita, dikintunkeun ka Kompas.

baktos,

mrachmatrawyani

--- Dena <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Jagoan euy, si uwa. Wilujeng wa. Uing mah meni hese
> hayang dimuat teh. 
> Eta ide Kampung Buku jigana cocok di Perumahan Uwa
> atau di Palasari kitu 
> heuheuheu. Edunlah wa.mugi2 janten langkung kreatif
> dina nyerat!
> 
> 
> --- In [email protected], "MSasmita"
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > 1. Alhamdulillah aya hadiah lebaran sok sanaos
> rada elat, artikel sim kuring dimuat 
> di
>
http://www.kompas.com/kompas-cetak/0710/19/Jabar/27840.htm
> > 2. Rada hanjelu pedah eta ngengken plaket kanggo
> hadiah pangajen dina acara 
> HBH Kusnet aya nu lepat nyerat kedahna pangjurung
> ari pek diserat pengrujung, 
> beu....ari komplen mah atos mung kumaha nu dikomplen
> teh humaregung. Ka Panitia 
> HBH hapunten anu kasuhun rada lepat mancen amanat.
> > 
> > MSasmita
> >
> 
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke