Hatur nuhun Kang Rachmat kritikna, ke sugan seratan perkawis Pabukon Kusnet mah 
urang milih heula tema dasarna.
Kamari dua dinten saatos lebaran, aya nu ngurunyung ti Solokan Jeruk (daerah 
pasisian Bandung, daerha di jalan anu bade ka Rancaekek ti Ciwastra malah 
tidinya teh tiasa teras ka Majalaya), inyana guru honorer di SD.
Pangna inyana ngurunyung teh salian ti silaturahim bada lebaran, sakantenan 
ngajak sim kuring jadi redaksi hiji majalah bulanan anu digagas ku inyana, 
nyaeta nerbitkeun majalah bulanan nu eusina ngaguar perkara pabukon anu aya di 
SD, bari sakalian ngawadahan sora FKGBI (duka leres henteuna ieu teh rada hilap 
deui, asana singkatan tina Forum Komunikasi Guru Bantu Indonesia) cenah mah ieu 
forum teh wadah guru honorer.
Sanggeus ditimbang-timbang jadi redaksi mah asa teu kabadanan lantaran teu pati 
apal kumaha seuh-seuhanana kaayaan guru bantu tur pabukon di SD-SD, ari ngan 
sakadar "mejeng" wungkul mah kanggo naon, tungtungna sim kuring ngan sakadar 
jadi kontributor, tah ari jadi kontributor mah teu aya halanganana utamana jadi 
kontributor tulisan dina ngajak ngaronjatkeun "minat baca", ngaronjatkeun karep 
maca tea. Sahenteuna ari nyerat hal eta mah mun milarian referensi dina 
internet teh teu hese teuing.
Nami majalahna Orbit, diluhurna nganggo tulisan "news in education", ieu nami 
jeung implik-implik news in education ti inyana, sim kuring teu 
ngagomeng-gomeng eta nami, cocog atanapi henteuna, mangga we eta mah.
Ceuk inyana Orbit teh wancahan tina Reading Habit duka tah ari O na naon. Nya 
engke sim kuring bade nyerat perkara pabukon Kusnet didinya, tapi duka terbit 
anu mana, margi anu munggaran mah tos lebet ka tukang maklun ( anu ngalebetkeun 
kana program publisher atanapi page maker). Sim kuring ge jadi tukang nampanan 
email anu ditujukeun ka ieu majalah, emailna [EMAIL PROTECTED] , terbit 
munggaran ahir sasih ieu, saurna sakantenan diedarkeun dina acara halal bi 
halal para guru sa-kabupaten Bandung. Sim kuring ngomat-ngomatan kahade ulah 
jaul dedet.
Ka baraya sadayana bilih bade nyumbang tulisan mangga diantos, dina basa 
Indonesia, seueurna kirang langkung 4000 karakter kalebet spasi dina format 
doc, utamina ngeunaan ngaronjatkeun karep maca tea.
Hatur nuhun.

MSasmita


  ----- Original Message ----- 
  From: MRachmat Rawyani 
  To: [email protected] 
  Sent: Saturday, October 20, 2007 3:34 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Hadiah Lebaran nu rada elat

  sakali useup urang dilegleg ku lauk, saterusna eta
  useup jadi 'bangenan'. Kitu panginten ngagambarkeun,
  upami tulisan urang tos midang di media, saterasna eta
  media jadi gampil ngamuat hasil karya urang.

  Tapi aya sarat sanesna, upama hiji tulisan 'diajenan'
  ku redaksi media, nya eta perkara topik sareng
  referensi. Dina kasus seratan Uwa Sasmita, topik anu
  diangkat teu acan seueur digarap ku penulis sanesna.
  Tapi mangpaatna seueur/ageung pikeun balarea. Atuh
  referennsina oge, kaetang rada luar biasa oge, aya
  kutipan pamikiran urang asing. Perkara ieu, bahan
  atanapi referensi, Dina hiji waktos Uwa Sasmita kantos
  ngobrol sareng kuring, cenah ku ayana internet, gampil
  pisan milarian bahan seratan atanapi referensi, kantun
  'lalayaran' wae di google. Tapi nya kitu tea,
  nyeepkeun waktos sareng kedah sabar.

  Tapi aya kritik sakedik kanggo Uwa Sasmita. Padahal
  mah kanggo bahan referensi dina seratan Uwa Sasmita,
  dilebetkeun info anu paling enggal, perkawis pabukonna
  KUSnet di wewengkon Jawa Barat. Jigana teu acan aya
  data saeng info anu akurat perkembangan sareng kaayaan
  pabukon di derah-daerah.
  Hiji waktos mah, pengelola pabukon di daerah sina
  ngadongeng/nyerat pangalamanana, teras diedit ku Uwa
  Sasmita, dikintunkeun ka Kompas.

  baktos,

  mrachmatrawyani

Kirim email ke