Aya deui Mang anu siga lodong, ngan ieu mah di kubur, ngaranna Cubluk (lain spiteng). Prak-prakan nyieunna kieu :
1. Ngagali liang dina taneuh kira-kira ukuranana jero 20 - 30 cm, lebar 20 cm, panjang 50 cm 2. Siapkeun papan ukuran (l x p) 30 x 50 cm, polongoan tengahna kira2 sagede duit 500-an kencring 3. Pasangkeun eta papan luhureun liang meunang ngagali tea 4. Terus diruang ku taneuh, tumpukan batu diluhurna ngarah leuwih kuat, malah nu boga modal mah sok disemen. Kade liang anu dina papan ulah katutupan. 5. Tungtung hareup liang ulah di tutupan (dijieun siga guha nyangkeredong) 6. Siapkeun wadah karbit tina kaleng susu anu geus di potong satengahna, terus digagangan 7. Lamun sagalana geus siap, asupkeun karbit sagede indung suku kana kaleng, terus caian sacukupna, asupkeun eta kaleng anu dieusi karbit kana cubluk, tutupan liang luhur (anu leutik) jeung liang hareup ku lamak, antep sakeudeung, kira2 5 menit terus diseungeut ngaliwatan liang anu leutik... dijamin ngageleger... Ngan kade karbitna ulah gede teuing, bisi papan jeung tembokna teu kuateun, bisa-bisa huntu punglak kabeh ka samber ku batu jeung papan anu rabeng kabitukeun... Pangalaman keur SD pertengahan 80-an di Kadungora - Garut ieu teh. On 10/22/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > Wah di Cianjur mah langkung seurieus nya. Jeung ajenganana. Jaba ku > tangkal kawung. Siga pisan meriam atuh. > > Lodong di lembur mah harita sadayana ge ku awi gombong. Awi nu > pangkuatna/badag ukuranana. > ------------------------------ > > *From:* [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] *On > Behalf Of *Naufal Fajar Gumati > *Sent:* Monday, October 22, 2007 4:36 PM > *To:* [email protected] > *Subject:* Re: [Urang Sunda] Siit Uncuwing - Lodong Karbit > > > > Bedil Lodong aya keneh Mang, malih di daerah Cianjur anu ngawates sareng > Sukabumi (Kp. Cibanteng/Sukamukti Desa Karyamukti, Kec Campaka - Cianjur) > mah anu ngokojoanana teh Ajenganana. Bahan Lodongna tina tangkal kawung anu > geus kolot pisan, diameterna kira2 0.5 meter, panjang 5 - 6 meter. Kawung > meunang nuar dibeulah, terus eusina (hatena) di kerok diberesihan, sanggeus > kosong, eta kawung dirapetkeun deui, dipaseuk supaya rekep pisan. Terus di > garotong di bawa kaluhur pasir (biasana di pasang di puncak pasir pogor > luhureun lembur cibanteng). Ba'da saur eta lodong teh di sundut, sakali > nyundut, karbit nu diasupkeun teu kurang ti sakilo. Sorana ? wah... > ngageleger ... imah anu jarakna kurang ti 100 meter mah beak kaca jeung > kentengna pareupeus... tapi da sok digantian / dibere parurugi ku ajengan. > Manjang eta teh salila bulan Puasa, namatkeun maleman takbir, malah sok aya > perang lodong sagala, patarik2 jeung lembur > > >

