Euleuh... bedil lodong teh bahaya atuh nya, tiasa meupeuskeun kenteng sagala. 
lamun kenteng bisa peupeus komo deui mun jalma nu dekeut lodong.
  Mun bener tea mah bahaya, jeung sok sanajan kitu, sae oge dilestarikeun, da 
ieu mah budaya, ngan sigana kedah dipasang rambu rambu peraturan, misalna bae 
nu nyeungeut lodong kudu boga seripikat atawa SIM-L, Surat Ijin Menyulut Lodong 
(asal tong jadi lahan bisnis pulisi, estuning keur kasalametan urang)
   
  TS
  

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
              
  
  Wah di Cianjur mah langkung seurieus nya. Jeung ajenganana. Jaba ku tangkal 
kawung. Siga pisan meriam atuh. 
  Lodong di lembur mah harita sadayana ge ku awi gombong. Awi nu 
pangkuatna/badag ukuranana.
      
---------------------------------
  
  From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of 
Naufal Fajar Gumati
Sent: Monday, October 22, 2007 4:36 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Siit Uncuwing - Lodong Karbit

  
  Bedil Lodong aya keneh Mang, malih di daerah Cianjur anu ngawates sareng 
Sukabumi (Kp. Cibanteng/Sukamukti Desa Karyamukti, Kec Campaka - Cianjur) mah 
anu ngokojoanana teh Ajenganana. Bahan Lodongna tina tangkal kawung anu geus 
kolot pisan, diameterna kira2 0.5 meter, panjang 5 - 6 meter. Kawung meunang 
nuar dibeulah, terus eusina (hatena) di kerok diberesihan, sanggeus kosong, eta 
kawung dirapetkeun deui, dipaseuk supaya rekep pisan. Terus di garotong di bawa 
kaluhur pasir (biasana di pasang di puncak pasir pogor luhureun lembur 
cibanteng). Ba'da saur eta lodong teh di sundut, sakali nyundut, karbit nu 
diasupkeun teu kurang ti sakilo. Sorana ? wah... ngageleger ... imah anu 
jarakna kurang ti 100 meter mah beak kaca jeung kentengna pareupeus... tapi da 
sok digantian / dibere parurugi ku ajengan. Manjang eta teh salila bulan Puasa, 
namatkeun maleman takbir, malah sok aya perang lodong sagala, patarik2 jeung 
lembur 

  

                         

 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke