Kanggo dadasarna mah tos seueur buku2 nu medar kasajarahan Sunda, kantun
kersa macana. Di antawisna bae buku

- Kabudayaan Sunda (jilid ka-1 & 2) iasana almarhum Prof. Edi Ekajati
- Polemik Naskah Wangsakerta (kumpulan artikel di media massa taun 80-an &
2000-an)
- Sejarah Kuningan (Edi Ekajati)
- Sunan Gunung Jati (Edi Ekajati)
- Sundakala (pedaran almarhum Prof. Ayatrohaedi ngeunaan sajarah Sunda
dumasar kana naskah Wangsakerta)
- Nyukcruk Sajarah Pakuan Pajajaran & Prabu Siliwangi (Saleh Danasasmita)

Aya oge makalah2 anu medar rupi2 sajarah Sunda di buku seri Sundalana
(danget ieu tos aya 5 jilid, pami teu lepat), Prosiding KIBS (2 jilid),
sareng anu sanesna deui.

On 10/23/07, iwan rashid <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   kumaha tah sangkan bisa sajarah sunda? buku naon wae nu dibaca? keur
> leutik mah asa pernah maca baduga-baduga kitu.
>



-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke