Kanggo info, Seri Sundalana anu ka 6 tos medal tahun 2007. Sim kuring mendak
ieu buku waktos di toko buku GM di BSM. Seri ka-6 ieu judulna Menyelamatkan
Alam Sunda, eusina munel pisan, ngawengku dano purba bandung, geologi Jawa
Barat & Kawasan Tars di Tatar Sunda, Tragedi Kawasan Lindung, dugi ka ekspresi
lokal dalam fenomena global safari budaya dan migrasi.
Waktos ningali erak kelompok sajarah / budaya di toko buku kasebat, jumlah
buku kasundaan sakedik pisan sareng araripis; benten sareng pustaka kajawaan
anu seueur pisan sareng kararandel minuhan erak. Dikotektak, henteu tiasa
mendakkan Sundalana Seri ka-1 dugi ka-4. Mudah-mudahan kapayun buku kasundaan
langkung euyeub.
Salam,
Asep
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kanggo
dadasarna mah tos seueur buku2 nu medar kasajarahan Sunda, kantun kersa macana.
Di antawisna bae buku
- Kabudayaan Sunda (jilid ka-1 & 2) iasana almarhum Prof. Edi Ekajati
- Polemik Naskah Wangsakerta (kumpulan artikel di media massa taun 80-an &
2000-an)
- Sejarah Kuningan (Edi Ekajati)
- Sunan Gunung Jati (Edi Ekajati)
- Sundakala (pedaran almarhum Prof. Ayatrohaedi ngeunaan sajarah Sunda dumasar
kana naskah Wangsakerta)
- Nyukcruk Sajarah Pakuan Pajajaran & Prabu Siliwangi (Saleh Danasasmita)
Aya oge makalah2 anu medar rupi2 sajarah Sunda di buku seri Sundalana (danget
ieu tos aya 5 jilid, pami teu lepat), Prosiding KIBS (2 jilid), sareng anu
sanesna deui.
On 10/23/07, iwan rashid <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kumaha tah sangkan bisa sajarah sunda? buku naon wae nu dibaca? keur leutik mah
asa pernah maca baduga-baduga kitu.
--
sikandar
kumincir.blogspot.com
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com