Kang Soni, nu kaalaman ku sim kuring wadah runtah nu kelir hedjo pikeun
runtah organik ( daun, buah, kai, kertas, jsb ). Wadah runtah nu kelir
koneng pikeun runtah non organik ( palastik, kaca, botol beling / palastik,
lawon jsb ). Wadah runtah nu kelir beureum pikeun runtah nu ngandung racun
atanapi kimia ( aki, kaleng urut pilox jsb ). Wadah runtah nu kelirna
abu-abu pikeun runtah metal / beusi, tah nu ieu mah tong di piceun, jual we
ka Jatayu.

Dina robot bonteng, miceun runtah kertas kana wadah runtah kelir koneng teu
daekeun asup ! asupna kanu hedjo.

Wilujeung boboran siam, hapunten samudaya kalepatan

Emod


On 10/17/07, sonirosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Wargi Babakan Kusnet + Urang GankLeboy anu ku sim kuring dipihormat,
> peryogi ka uninga wireh  kaulinan "Robot Bonteng W 0.2" parantos tiasa
> dipintonkeun di http://www.bolotot.com dina wanda 0.2 ieu salian ti Robot
> Bonteng aya oge aktor liana nya eta BeuritButntung jeung Laleur koneng.
> Mangga di cobi.
>
> (kaulinan ieu disayagikeun pikeun barudak, tapi sanajan wargi tos sawawa
> atanapi dewasa oge mangga wae ari resep mah he..he… siga kuring bubudakeun).
>
>
>
> Upami wargi kagungan  bongbolongan atanapi panggeuing magga kirim wae
> serelek ka [EMAIL PROTECTED] Kitu deui upami bade ngersakeun "gawe
> bareng". (parner gawe bareng salami ieu : kang Dadan "Bandung Heritage", Uwa
> Sas "Rumah Baca", kang Dadan Sutisna "Cupumanik").
>
>
>
> Wilujeng Boboran Siam 1428H
>
> saonirosa
>
> 071017
>
> www.bolotot.com
>
>
>
>
>
>  ------------------------------
>
> 
>

<<clip_image002.jpg>>

Kirim email ke