Kang Emod anu bageur... (oge wargi kusnet nu balageur, nu galak mah kudu bageur 
heula nya he..he..)
Nuhun kana pangrojongna, perkara hubungan pulas jeung guna wadah runtah dina 
"Robot Bonteng Versi "saterusna urang dicoba numutkeun  bongbolongan ti kang 
Emod. (aya opat warna)
Ngeunaan runtah kertas, enya euy kuring salah milahna, kuduna mah kaasup 
organik nya? he.. nuhun deui tah kang.
Bab Pulas Warna runtah anu standar kuring rada lieur, pemkot Bandung make pulas 
Bulao jeung Koneng Buruk. Siganamah salh deui wae siga kuring he..he...(anu 
saluyu dongeng kang Emod mah,  kuring kungsi manggihan di SABUGA-ITB, eta oge 
wangun anu teu ka rumat. (memang hese ari prak namah ketang, tapi lamun ngurus 
runtah wae urang teu bisa, kumo deui ngurus TATAR SUNDA beuki wae 
pabaliut..meureun..)

Sakalideui  nuhun pisan kang Emod.
Muga-muga wae urang  (URANG SUNDA) bisa nembongkeun rasa mulang tarima ka alam 
tempat urang hirup, salah sahiji jalana nya eta "Ngurus runtah anu merenah, 
alusna mah teu kudu nyieun runtah".
cag!

  From: Ahmad Toha 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, October 24, 2007 1:43 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] "Robot Bonteng W 0.2"



  Kang Soni, nu kaalaman ku sim kuring wadah runtah nu kelir hedjo pikeun 
runtah organik ( daun, buah, kai, kertas, jsb ). Wadah runtah nu kelir koneng 
pikeun runtah non organik ( palastik, kaca, botol beling / palastik, lawon jsb 
). Wadah runtah nu kelir beureum pikeun runtah nu ngandung racun atanapi kimia 
( aki, kaleng urut pilox jsb ). Wadah runtah nu kelirna abu-abu pikeun runtah 
metal / beusi, tah nu ieu mah tong di piceun, jual we ka Jatayu. 

  Dina robot bonteng, miceun runtah kertas kana wadah runtah kelir koneng teu 
daekeun asup ! asupna kanu hedjo.

  Wilujeung boboran siam, hapunten samudaya kalepatan

  Emod

   
  On 10/17/07, sonirosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 

    Wargi Babakan Kusnet + Urang GankLeboy anu ku sim kuring dipihormat, 
peryogi ka uninga wireh  kaulinan "Robot Bonteng W 0.2" parantos tiasa 
dipintonkeun di http:// www.bolotot.com dina wanda 0.2 ieu salian ti Robot 
Bonteng aya oge aktor liana nya eta BeuritButntung jeung Laleur koneng. Mangga 
di cobi.

    (kaulinan ieu disayagikeun pikeun barudak, tapi sanajan wargi tos sawawa 
atanapi dewasa oge mangga wae ari resep mah he..he… siga kuring bubudakeun).



    Upami wargi kagungan  bongbolongan atanapi panggeuing magga kirim wae 
serelek ka [EMAIL PROTECTED] . Kitu deui upami bade ngersakeun "gawe bareng". 
(parner gawe bareng salami ieu : kang Dadan "Bandung Heritage", Uwa Sas "Rumah 
Baca", kang Dadan Sutisna "Cupumanik").



    Wilujeng Boboran Siam 1428H

    saonirosa

    071017

    www.bolotot.com









----------------------------------------------------------------------------








   

<<clip_image002.jpg>>

Kirim email ke