Kang Ramdan,
Waktos kapungkur di Bandung, pribados sering ngupingkeun dongeng basa Sunda.
Juru dongeng biasana osok sasadu dina bubuka: neda dihapunten bilih kasebit
nami keur alit, kasebat asma keur budak, kasebut ngaran (?) keur sepuh (?).
Frase bilih kasebit ngaran keur leutik, kasebat ngaran keur budak oge aya
dina salasawios tembang Sunda Cianjuran (mung hilap deui naon judulna tah. Kang
Firman Rahaja jigana apal.).
Hal ieu nyindekkeun wireh urang Sunda (hususna menak sareng priyai, pagawe
nagri jaman kapungkur) waktos jaman feodal ngagaduhan ngaran minimal dua;
ngaran keur budak sareng ngaran keur sepuh. Tembang Sunda Cianjuran oge biasana
pan ngangkat topik ngeunaan menak. Para bupati di tatar Sunda pan henteu
langsung gaduh ngaran anu mentereng, tapi gaduh ngaran keur alit oge.
Duka tah sateuacan tatar Sunda kapangaruhan ku budaya feodal Jawa. Upami
ningali ngaran-ngaran urang Sunda jaman anu langkung buhun, aya ngaranngaran
urang Sunda anu gaduh pangaruh (kakawasaan) sapertos:
Manarah (ngaran keur budak), Jayadewata (ngaran keur ngora), Sri Baduga
(nelah tos jeneng di Pakuan Pajajaran), Mundinglaya (ngaran keur budak),
Mundinglaya Dikusumah (ngaran satutas dilantik jadi raja).
Aya oge ngaran-ngaran anu langkung buhun, anu henteu kauninga naha ngaran
keur budak atanapi ngaran keur ngora, sapertos:
Purbasari
Purbalarang
Guruminda
Diah Pitaloka
Anapaken
Pitar
Eta mah ngaran-ngaran urang Sunda anu gaduh pangaruh (kakawasaan). Upami
somah, atanapi rahayat biasa, mah jigana ngaranna basajan sareng ngan hiji ti
budak dugi ka sepuh. Iteung sareng Kabayan jigana mah ngaran somah anu basajan.
Ieu kenging sakedik bahan ngeunaan ngaran-ngaran urang Sunda ti wikipedia:
Urang Sunda mah ilaharna maké ngaran anu basajan, kadang cukup ku sakecap,
bari jeung pondok. Ku ayana pangaruh Islam anu kuat, urang Sunda loba nu maké
ngaran nu nyokot tina 'asma'ul husna' digabung jeung landihan tradisional. Mun
dua kecap, kadang sok maké pola "tolong-menolong" (suku kecap nu diulang),
misalna Cécép Gorbacép, Asép Gumasép, Didin Saépudin, jsb. Tapi, kitu sotéh ti
golongan cacah, sabab pikeun golongan ménak mah (baheula), biasana mah ngaranna
diwangun ku dua kecap, sahingga rada panjang. Misalna baé Umar Wirahadikusumah,
Ginanjar Kartasasmita, Huséin Jayadiningrat, Huséin Sastranegara, jsb.
Tuang eyang, Edeng Sastradikarta, jigana mah nami urang Sunda. Cobi wae
taroskeun ka rundayannana naha ngangken urang Sunda atanapi henteu. He he. Kitu
numutkeun pribados mah. Neda dihapunten upami lepat.
Salam,
Asep
Ramdan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
punten bade tumaros,
naha ari asli nami urang Sunda teh naon nya..?
aya kitu nu nami na marga siga di Batak atawa di Sulawesi..?
pun aki ti ibu nami na Edeng Sastradikarta. na ieu asli urang nami sunda
kituh.. :-)
salam
:-)
----- Original Message -----
From: Aschev Schuraschev
To: [EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, October 24, 2007 2:14 PM
Subject: [kisunda] Aya Urang Sunda anu ngaranna Daeng
Punten bade ngiringan,
Salasawios inohong anu ngawangun Paguyuban Pasundan nyaéta suwargina bapa DAENG
KANDURUAN ARDIWINATA. Anjeunna lahir di Bandung taun 1866, sarta gaduh gen
campuran Bugis (ti rama) sarta Sunda (ti ibu), sarta ngagaduhan latar belakang
pendidikan Sakola Guru (Kweekschool) di Bandung (1881-1884). Anjeunna gaduh
jasa janten panasehat para siswa STOVIA sarta masarakat Sunda di Jakarta,
nyayogikeun fasilitas tempat pasamoan sarta konseptor statuta (anggaran dasar?)
anu ngalahirkeun Paguyuban Pasundan. Anjeunna ogé janten Pupuhu Pangurus
Paguyuban Pasundan kadua sarta Anggota Kahormatan Paguyuban Pasundan.
Salam,
Asep
Recent Activity
3
New Members
Visit Your Group
Ads on Yahoo!
Learn more now.
Reach customers
searching for you.
Y! Messenger
Group get-together
Host a free online
conference on IM.
Fitness Edge
on Yahoo! Groups
Learn how to
increase endurance.
.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com