Ari nu sok kabandungan ku kuring mah 'kasebit nami kasebat tempat...', kawas dina bubuka pilem atawa sinetron: "Ieu pilem ukur rekaan. Lamun aya kamiripan, boh ngaran tokoh, patempatan, atawa kajadian, estu lain ngahaja..."
Penomena jaman kiwari, mere ngaran budak teh sok beuki rumit, bisa nepi ka tilu opat kecap. Sabengbatan mah sok matak helok, nembongkeun kamotekaran kolot2na (heheh). Padahal, peta kitu teh kadang nyusahkeun budakna sorangan, utamana jaga dina mangsa ngeusian sabangsaning pormulir, alatan ngaranna panjang teuing. Anu pondok teuing ge (sakecap) mah matak susah, da cenah dina paspor atawa visa, ngaran teh paling henteu kudu diwangun ku dua kecap. Atuh, senior kuring urang Makasar anu ngaranna Syafrudin wungkul kapaksa nambahan 'Din' di hareupeun ngaranna, jadi Din Syafrudin. Duka kumaha tah nasib babaturan kuring urang Ciledug, Tangerang nu ngaranna Dadang. Meureun mun kudu teh kapaksa ngabubur bodas bubur beureum, ditambahan 'Da' di hareupna atawa 'Bertandang' di tukangna, jadi Da Dadang atawa Dadang Bertandang. Anu lucu, najan enya ngaran barudak kiwari mah paranjang, sok kudu wae aya nenehna. Misalna bae bintang pelem/penyanyi pasanganana Irwansyah anu ngaranna endah diwangun ku dua kecap, nenehna mah tetep wae kawas nini-nini jaman baheula: Acha (baca Aca!). Aya deui Muthia Astuti Kusumaningrum anu nenehna Uthi (baca: Uti!), tungtungna mah geuning taya bedana jeung Nini Uti. Nya kitu oge ngaran anak kuring, anu tina hasil badami jadi tilu kecap, tetep bae digero ku indung/bapana mah sakecap. Singhoreng, ngaran paranjang teh hasil budaya tulis jeung dina raraga nedunan kaperluan administratif. Kusabab kudu boga akteu kalahiran, daptar ka sakola, jsb, nya ngaran teh dipapantes dipapaes ngarah henteu padu teuing, anu kadang jadi kaleuleuwihi. Mun teu butuh nu kararitu mah meureun nepi ka kiwari ngaran urang2 teh cukup ku dua-tilu suku kecap. Mangga we cobi tataan ngaran warga Kanekes... Ngeunaan ngaran2 jaman baheula, sigana mah sami bae barasajan. Paranjang soteh mun geus katuliskeun, boh dina prasasti atawa dahan kai, heheh... Ongkoh deuih nu paranjang mah biasana gelarna, da ngaranna mah keneh-keneh eta. Ngaran2 menak nu kawas kiwari ge sigana mah mimiti ngatradisi dina mangsa Walanda. Punten ka nu kasabit nami kasebat wasta, sanes pisan kanggo bahan pamoyokan. Sae & praktis malih mah, estu keur conto doang... On 10/25/07, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Waktos kapungkur di Bandung, pribados sering ngupingkeun dongeng basa > Sunda. Juru dongeng biasana osok sasadu dina bubuka: "neda dihapunten bilih > kasebit nami keur alit, kasebat asma keur budak, kasebut ngaran (?) keur > sepuh (?). Frase "bilih kasebit ngaran keur leutik, kasebat ngaran keur > budak" oge aya dina salasawios tembang Sunda Cianjuran (mung hilap deui naon > judulna tah. Kang Firman Rahaja jigana apal.). > > Manarah (ngaran keur budak), Jayadewata (ngaran keur ngora), Sri Baduga > (nelah tos jeneng di Pakuan Pajajaran), Mundinglaya (ngaran keur budak), > Mundinglaya Dikusumah (ngaran satutas dilantik jadi raja). > >

