Assalamualaikum wr...wb....
Pangapunten kadang wargi... sim abdi seja ngiring aub deui di kisunda/urang 
sunda....
Nyanggakeun ieu kutrat-kotret kampung tina pabetekan....sun...manawi  sareng 
manawa aya mangfaatna ka para wargi nu teras resep padungdeng ngeunaan 
kasundaan....
Nu.. mung hanjakalna... kadieunakeun kirang aktif  ’kuncen’na atanapi teu naros 
heula ka kuncen (?) dugi ka seueur ’topik’ kasundaan nu kaulang-ulang wae bari 
kirang janten kacindekan.... kunu narembe sumping ....komo bari lajuning lakuna 
teu aya...janten ana kailo teh....bet atah deui atah deui jejerna ...ari eusi 
seratana mah estuning sarae pisan.  
(wantun ’ngritik’ teh dumeh nembe lebaran – upami henteu mah teu wantun 
teuing..he...he..wilujeng gagal/bobor tina puasa).

Baktosna
Eddy Nugraha

================

Ajian Batara Karang: Ageman Pakeun Jadi Khalifatullah Fil Ardhi !?

Ku Eddy Nugraha*)

Kecap petingan: Batara Karang, Adam,  Khalifatullah fil ardhi, Kasumedangan, 
Sajaratul khuldi, 

I. Panganteur

Puluhan taun katukang mun teu salah mah taun 80an di daerah Ujung Berung 
Bandung pernah geger aya tukang gali manggihan mayit nu geus ratusan taun 
beleger keneh. Harita teh keur usum mindahkeun kuburan umum keur dijieun 
perumahan, diantara tulang-taleng sesa awak jelema  pas lebah tangkal caringin 
gede ka gali aya mayit lengkep keneh dibungkus kulit nepi ka buuk-buukna 
(digelung) bari kukuna paranjang...harita teu kaburu nyaho dikumahakeun eta 
mayit teh, ngan nu jelasmah ceuk cenah matak kitu teh sabab eta jelema baheula 
teh ngawasa elmu batara karang ...nyaeta cenah elmu kanuragan elmu weduk lir 
batu karang teu kuat dikadek nepikeun ka paeh ge angger awakna teu 
busik....hanjakal teu apal dikumahakeun eta mayit teh, nu jelas mah teu 
dikamusiumkeun.

Sabaraha taun saenggeusna,...  
ditempat lain, di daerah Tasik pakidulan kabeneran manggihan hal nu sarupa. 
Waktu warga keur nugar tangkal manggihan deui jasad nu beleger....sarua deui 
geger...pada silih tanya saha nu ngagangguna  ditambah balarea baroga kasieun 
ku tulah  tina ngahudangkeun ’jurig’ jawara sabab perbawa tahayul rekaan atina 
nu cenah pasti baheulana ieu jelema boga ajian batara karang. Tapi, kabeneran  
papanggihan nu kadua ieu mah bari ditambahan ku nganyahokeun ’solusina’. Sore 
eta keneh aya kokolot lembur datang  nganggeuskeun pasualan. Eta mayit 
diasupkeun kana munding –nu geus dipeuncit jeung dikaluarkeun jeroanana heula-  
bari saeunggeus diparancahan bur weh dipiceun ka laut. 

Ngaliwatan dongeng-dongeng jalma rea jeung papanggihan diluhur....
kecap Batara Karang atawa batu karang sakuringeun harita boga rasa kecap nu 
goreng nyaeta kecap nu ngan dipikaneneh ku  preman, garong, begal, jawara jeung 
sabaturna nu ngajarago sabab weduk, kalakuana kawas-kawas jauh ti jalma 
’bageur’ jauh tina wawadi agama.  Basa hayang nyaho tatanya ge kaburu kandeg 
dihuitan ku guru ngaji ”ulah ngelmu kitu jang...eta mah elmu teu matak 
sampurna... hirupna sok teu hurip komo aya guna keur papada mah....malah 
tingali we ku hidep.... geus maot ge awakna teu bisa ruksak teu bisa mulih ka 
jati mulang ka asal”. 

Bisa jadi meureun sabab jasad nu lain mah lebur deui jadi taneuh (terurai ku 
mikroba jadi sirna) ari ieu mah angger teu ruksak...jadi we dianggap teu 
sampurna. Beu.... padahal lamun bisa teh meureun keun  bae hirup mah kumaha 
aing weh... ngan geus pasti lamun paeh teh bakal kasohor, Fir’aun ge nepikeun 
ka ayeuna pada ngadeugdeug sabab aya bukti mayitna - bari manehna mah kudu di 
balsem...ieu mah teu kudu da kuat sorangan. Lumayan jadi aset wisata pakeun 
nagri nu loba hutang. 

Tapi ketang,..... pas rek nambalang teh aya deui ingetan lain: kumaha mun 
dijadikeun ’percobaan’? jeung diera-era disebut kafir? wah meureun karunya anak 
incu susaheun bari nyirnakeuna ge kudu nyusahkeun batur sabab mahal kudu 
meuncit munding sagala..mending lamun mundingna aya keneh lamun ’punah’? 
meureun anak incu kabere geugeuleuhna...he..he..hanas saaingeun mah keun bae da 
geus paeh ieuh.  

Saur guru ngaji di kampung mah kieu ”urang mah kudu diajar bisa innalillahi wa 
innailaihi raji’un sampurna balik sampurna. Sampurna ning beak sirna raga sirna 
rasa. Malah kongas cenah luluhur baheula mah nepikeun ka barisa tilem-ngahyang. 
Jelemana jagjag keneh dina waktuna mulang ka kalanggengan teh bari langsung 
nyanggakeun badanna ku nyalirana ka nu Maha Suci teu kudu nungguan dibantuan ku 
alam” (tingali ngeunaan- ngahyang/tilem di alam kami). 

Atuh niat tatanya ka kolot-kolot lembur tangtung sunda teh jadi pugag harita 
mah  saba elmu batara karang atawa sok oge disebut  elmu batu karang teh lain 
ngeunaan kasampurnaan nu oge cenah teu saluyu jeung ajaran agama 
(islam)....malah-malah di Jawa ge sarua,  diantarana nu didugikeun ku Sunan 
Mangkurat IV, ieu sesepuh jawa teh masihan wawadi (tingali: Ma’rifat kejawen ) 
yen ulah diajar elmu Batu Karang sabab –singketna- lain elmu kasampurnaan 
nudipirido ku Allah swt.

Ngan.....
kadieunakeun aneh pisan.....
Dina ulikan  kasundaan mah....dina salah sahiji ulikan  poko kasumedangan (elmu 
madangan/nyaangan batur –ulikan advance dina kapajajaranan) salah sahiji atikan 
pokona teh manusa kudu  JADI Kanyataan Karang. Jadi kanyataan Karang teh 
cirining kasampurnaan hiji seuweu sunda... sasat-sasat hasil tina ngulik Batara 
Karang (salian ti jadi kanyataan Ujung Kulon  jeung Ratu Galuh – (tingali: 
diantarana tulisan ”sasaka kabantenan jeung nanjeurkeun deui Pajajaran 
tangtung”). 

Aeh naha jadi muter deui?... panggih deui jeung ajian batara karang ?? boa 
kasundaan teh  memang enya lain ulikan kasampurnaan?? naha luluhur sunda teh 
’kafir musrik nu belegug’? Naha nya....beda jeung ajaran seuweu jawa nu nyaram 
ngulik elmu batu karang?... tulisan ieu insya Allah rek ngaguar eta sakadugana.


II

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke