Loba nu ngabejakeun cenah sunda geus deukeut kana ajalna, teuing saha 
numimitina ngagosip cenah geus euweuh harepkeuneun ti kisunda. senina, 
sastrana, alamna, basana, budaya jeung sagalana teu bisa diarep-arep pikeun 
menyat minangka pribadi sunda, nu aya paling jati kasuluh ku junti. tatapakan 
karuhun nu nyesa kari tugu pikeun panineungan....baheula sunda pernah 
katuliskeun kitu, pernah kabejakeun kieu....(ukur carita, kari carita, nu ngari 
tinggal caritana)

Asa euweuh pulunganeun atuh ti sunda teh, kitu gerentes hate kuring kamari...

tapi sabada ngobrol jeung ki sobat kamari peuting aya nu robah na pamadegan 
teh, sabab geuning nyatana mah loba pisan pulunganeun ti sunda teh....
hehehe, enya tuh da bukti "nembrak" pisan loba nu daratang ka sunda ... 
ngaradon jadi tukang pulung....heuheuheu......

di sunda loba bangkarak, bangké sagala rupa titinggal karuhun nu balatak 
pasolengkrah "teu dipirosea" ku urang sunda mah...
nya batur daratang ngaradon marulungan .....

ah, anu robah teh sabenerna mah teu hayang sunda jadi tempat pamulungan....
loba teuing pulunganeun di sunda malik teu hadé .....
sabab kasebutna tempat pamulungan......
dimana-mana oge jalma nu neangan pulunganeun mah lumpat ka tempat anu 
kumaha?....

da di tempat anu hade, sugih mukti kerta raharja mah moal aya pulunganeun na 
oge.....

conto wae ieu mah : ...jakarta anu majuna......apan tempat pamulungan na mah di 
bantar gebang bekasi......

tah sunda ayeuna tempat pamulungan ????

dicutat tina multiply : 
http://salakadomas.multiply.com/journal/item/12/sunda_tinggal_panineungan

       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers

Kirim email ke