mank.. mankana ulah nganggap runtah ka bangkarak haha. kapala sakola
madrasah geus ngabuktikeun bangkarak leuwih ngahasilkeun tinimbang (nu
salila ieu dianggap) inten. memang heueuh geus wayah manksunda robah
pamadegan, nurutan amank.... bangkarak ulah dianggap salawasna taya hargaan
tinimbang nu anyar atawa nu ti luar...

sarah, ulah geunah teuing nunutur palid geus wayah andika hanjat

d

On 10/26/07, AmanK Maya Suara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Loba nu ngabejakeun cenah sunda geus deukeut kana ajalna, teuing saha
> numimitina ngagosip cenah geus euweuh harepkeuneun ti kisunda. senina,
> sastrana, alamna, basana, budaya jeung sagalana teu bisa diarep-arep pikeun
> menyat minangka pribadi sunda, nu aya paling jati kasuluh ku junti.
> tatapakan karuhun nu nyesa kari tugu pikeun panineungan....baheula sunda
> pernah katuliskeun kitu, pernah kabejakeun kieu....(ukur carita, kari
> carita, nu ngari tinggal caritana)
>
> Asa euweuh pulunganeun atuh ti sunda teh, kitu gerentes hate kuring
> kamari...
>
> tapi sabada ngobrol jeung ki sobat kamari peuting aya nu robah na
> pamadegan teh, sabab geuning nyatana mah loba pisan pulunganeun ti sunda
> teh....
> hehehe, enya tuh da bukti "nembrak" pisan loba nu daratang ka sunda ...
> ngaradon jadi tukang pulung....heuheuheu......
>
> di sunda loba bangkarak, bangké sagala rupa titinggal karuhun nu balatak
> pasolengkrah "teu dipirosea" ku urang sunda mah...
> nya batur daratang ngaradon marulungan .....
>
> ah, anu robah teh sabenerna mah teu hayang sunda jadi tempat
> pamulungan....
> loba teuing pulunganeun di sunda malik teu hadé .....
> sabab kasebutna tempat pamulungan......
> dimana-mana oge jalma nu neangan pulunganeun mah lumpat ka tempat anu
> kumaha?....
>
> da di tempat anu hade, sugih mukti kerta raharja mah moal aya pulunganeun
> na oge.....
>
> conto wae ieu mah : ...jakarta anu majuna......apan tempat pamulungan na
> mah di bantar gebang bekasi......
>
> tah sunda ayeuna tempat pamulungan ????
>
> dicutat tina multiply :
> http://salakadomas.multiply.com/journal/item/12/sunda_tinggal_panineungan
>
> ------------------------------
>


-- 
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke