Cik nyobian nimbrung*. Damang Aki Tams? Salam kenal Kang Iyus* Punten ah, ari ngabelegbeg mah biasana hideung, sanes Ki?* heheh*
Kaleresan pakulian abdi teh distributor Hewlett Packard nu kapungkur Compaq, nembe teh naroskeun ka rerencangan nu biasa "ngoprex" notebook/laptop. Tipe Compaq Presario 720 kalebet notebook "sepuh", leres saur Kang Iyus nu reksakna LCDna, pami bade ngagaleuh LCD nu enggal sareng hoyong terang pangaosna tiasa dipangmilariankeun, tingali we serial number dipengkereun eta notebook (12 digit), japri ka abdi. Leres deui saur Kang Iyus, tipada ngalereskeun biayana awiz, mending keneh dialungkeun, meser nu enggal* heheh. baktos, Roro. >>> [EMAIL PROTECTED] 10/26/07 10:25AM >>> Punten sateuacana kang,sanes somse atanapi balagu,Terus terang kana merek sanes mah hideung alias euweuh kanyaho.Tapi upami dina merek anu sok dicoco'o ku Abdi mah biasana kabel inverter tiasa oge LCDna. Solusina LEMBIRU Apple Service Provider eStore Ratu Plaza On Oct 25, 2007, at 7:31 AM, Tatang Sariman wrote: Tah geuning, cing bade tumaros atuh, laptop merk Compaq Presario 720 screen monitorna ngabelegbeg bodas, teu aya gambaran oge teu aya tulisan naon2, tiasa didangdosan kitu? upami tiasa sabarahaeun ongkosna?. Eta laptop teh kiwari nganggo monitor misah, malih tos seep 2 monitor Philips sareng hiji nuju nganggo monitor ipis mekr acer. Jadi teu praktis deui, laptop teh teu beda jeung CPU PC biasa wae, namleg. Kumaha tah Yi Iyus? Hatur nuhun sateuacana, Baktos aki tams.

