Alhamdulillah Ki, damang. Punten sanes promosi, saleresnamah di pakulian abdi ge tiasa disayogikeun, mung kedah terang heula serial numberna, ke dicek ka HP Pusat Jakarta bilih aya keneh stok lami di ditu. Saenamah, pami peryogi pisan, ka HP KL we atuh*alamatna tiasa ditingali di www.hp.com Upami keukeuh hoyong di Bandung mah, tiasa oge saur Kang Bohay di ITC Kebon Kalapa, saurna pangaosna lumayan marirah, da abdi teu acan kantos meser. Ketang, etamah nyanggakeun, teu langkung kumaha Aki bae... :) Sae Ki, notebook teh tiasa dijantenkeun kenang-kenangan... (titimangsa?) ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 10/26/07 02:26PM >>> Oooh aya geuning di ITC Bdg? ke ke lebaran haji aki ngangkanan wangsul, insya Alloh. reka gayantika <[EMAIL PROTECTED]> wrote: ari kanibal mah aya geura di Jaya Plaza ki... atanapi cobian di ITC kebon kelapa,,, aya tah tukang kanibalan laptop. Baktos, -Bohay- Pada tanggal 26/10/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> menulis: Aki tams alhamdulillah neng Roro sawangsulna? nuhun neng sareng ayi Iyus, leres pisan eta laptop teh buhun, meserna thn 2001 waktos ngawitan sakola;mung lebar da tiasa keneh dimangpaatkeun. Naroskeun di Lowyet pusat kmtr di KL, Compac teh tos digaleuh ku HP (Hewlett Packard) upami ngagentos screen mungkin tiasa keneh saurna, mung nyalitu tea kaetang rugel, langkung sae meser anu enggal. Numawi aki meser monitor lcd kaluaran acer.Ke nya serina urang parios heula, saha nu uninga di Bdg masih aya stock lami, atanapi kanibal ?. Aya 'nilai' istimewa eta laptop teh, tos nganteur aki tams tamat sakola, bade dijantenkeun 'kenang2an'. Nuhun kana perhatosanana. Baktos aki tams.

