Kang Deny, hoyong tiasa langsung peureum? tong ku Panadol atuh... ku Panakol geura, heug sing tarik pasti langsung nyuxsrux peureum... Gugah-gugah enjingna, aya ciciren dina tarang : buncunur saageung peureup heheheh.... punten ah, h-e-u-r-e-u-y.
ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] 10/26/07 06:41AM >>> Geus 2 poe kuring katarajang flu, aya nungabejaan cenah nginum panadol we. Pasti rada ngurangan panyakitna. Nya kusabab hayang cageur jam 8 kuring nginum panadaol sasiki. Na atuh, boro2 kacageur. Panon kalah nyileuk jadi teu bis sare. Nepi ka jam 2 peuting teu reup. Kajadian ieu sabenerna mah anu kadua kalina. Keur di lembur, kaserang migren bin jangar sabeulah. Terus nginum panadol deuih hiji. Hasilna Panon teu bisa peureum, awak seger, euweuh katunduh boro2 kaheuay! Karak bisa reup, jam satengah dua janari. Padahal awak cape kacida da karak mudik jeung kacegat macet!

