Punten. Sim kuring kaleresan kapapancenan ku para wargi urang sunda anu aya di Sumatera Selatan kanggo ngrawatan media silaturahmi internal urang sunda anu namina Majalah Hegarmanah anu nganggo basa sunda sareng 100 persen ditujukeun pikeun urang sunda. Tos sababaraha kali terbit kalayan kenging dukungan anu kacida rohaka ti warga sunda nu aya di Sumsel teh. Sakali medal langsung bures, seep siga goreng kacang. Anu janten kendala sim kuring nyaeta masih kirangna bahan-bahan tulisan atanapi berita, cerpen, dongeng sareng anu sanesna, kanggo ngesian majalah. Sapertos ayeuna, sim kuring nuju diudag Deadline margi kedah enggal medal. Kukituna, diantos pisan partisipasi sadaya warga sunda, dimana wae ayana, komo upami aya urang sunda anu di sumsel mah, pikeun ngeusian majalah ieu. Insya Allah, ari majalahna mah moal nguciwakeun. Waktos mimiti medal anu di resmikeun ku bapa Gubernur Jawa Barat, Dani Setiawan sareng Gubernur Sumsel, Syahrial Oesman anu disakseni ku Ketua Paguyuban Pasundan, HM, Syafei, geuning majalah Hegarmanah teh dianggap hiji prestasi urang sunda di Sumsel anu miboga kabanggaan kana budaya jeung basa sunda. Kukituna kuring miharep, hayu urang rojong majalah urang ieu, ulah dugi ka pareumeun obor deui. Diantos pisan. Hatur nuhun.
ANDANG SUPRIADI Pemimpin Umum/Pemimpin Redaksi, Majalah Komunitas Sunda HEGARMANAH Palembang Sumatera Selatan

