Kang Andang anu dipikahormat, Hatur nuhun kana bewarana perkawis majalah Sunda anu aya di Sumatera Selatan. Kenalkeun, kuring m.rachmat uidipura, dumuk sareng damel di Depok.
Saena mah, dipedarkeun, naon-naon wae Rubrik/eusi majalah Hegarmanah teh. Pasti para Wargi KUSnet tiasa ngeusian, upami tos jentre eusina. Peryogi oge panginten sabaraha tiras/oplahna, terbitna naha sasaih sakali, atanapi dua minggon, pokona mah anu aya pakaitna sareng Hegarmanah. Hatur nuhun. Baktos, Mrachmat uidipura. --- andang1969 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Punten. > Sim kuring kaleresan kapapancenan ku para wargi > urang sunda anu aya di > Sumatera Selatan kanggo ngrawatan media silaturahmi > internal urang > sunda anu namina Majalah Hegarmanah anu nganggo basa > sunda sareng 100 > persen ditujukeun pikeun urang sunda. > Tos sababaraha kali terbit kalayan kenging dukungan > anu kacida rohaka > ti warga sunda nu aya di Sumsel teh. Sakali medal > langsung bures, seep > siga goreng kacang. > Anu janten kendala sim kuring nyaeta masih kirangna > bahan-bahan > tulisan atanapi berita, cerpen, dongeng sareng anu > sanesna, kanggo > ngesian majalah. Sapertos ayeuna, sim kuring nuju > diudag Deadline > margi kedah enggal medal. > Kukituna, diantos pisan partisipasi sadaya warga > sunda, dimana wae > ayana, komo upami aya urang sunda anu di sumsel mah, > pikeun ngeusian > majalah ieu. Insya Allah, ari majalahna mah moal > nguciwakeun. > Waktos mimiti medal anu di resmikeun ku bapa > Gubernur Jawa Barat, Dani > Setiawan sareng Gubernur Sumsel, Syahrial Oesman anu > disakseni ku > Ketua Paguyuban Pasundan, HM, Syafei, geuning > majalah Hegarmanah teh > dianggap hiji prestasi urang sunda di Sumsel anu > miboga kabanggaan > kana budaya jeung basa sunda. Kukituna kuring > miharep, hayu urang > rojong majalah urang ieu, ulah dugi ka pareumeun > obor deui. > Diantos pisan. > Hatur nuhun. > > ANDANG SUPRIADI > Pemimpin Umum/Pemimpin Redaksi, > Majalah Komunitas Sunda HEGARMANAH > Palembang Sumatera Selatan > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

