Duh, hanjakal Teh Ika urang teu tepang nyaa* padahal ni hoyong pisan tepang sareng Teteh nu tisukruk tidungdung tea*heuheu*hebadddhh* reueus abdi mah!
Pami teu lepat dina uleman ti Kang Toni, tabuh 10 WIB (Waktu Indonesia Bandung) tos derr* acara teh, numawi angkat ti bumi tabuh 7.30WIB, ancer2 tabuh 9.30 WIB tos dugi ka KirPay. Jangjian sareng Teh Emme & Teh Herni di Pangdam ari pek teh nembe kempel jam 10.30WIB sareng aranjeuna kalebet Kang Gibson* ck..ck..ck.. dipelak 2 jam! Dilajeng kempel di Toko Segar & wawanohan sareng Ibuna Neng Mpup (nuhun, tos ngarerepot disuguhan sagala rupi) Kang Kumi, Neng Mpup & Cep Bagja. Nya, ngabiur weh nebeng ka Kang Boim ka KirPay. Subhanallah, ni isin ngakunamah USA (Urang Sumedang Asli) abdi teh, tapi nembean ningali kaayaan di tutugan gunung Manglayang nu sakitu endahna. Rada hariwang & raringrang oge waktos ningali seueur tatangkalan & jukut gararing jiga nu kirang cai*boa-boa leres saur Kang Dede tea mah, urang bakal balangsak ku cai...hiks. Jol ka lokasi, ni asa janten "Selebriti" waktos nepangan para baraya, kuncen & inohong nu saromeah tur darehdeh ngabageakeun ka abdi saparakanca. Rumaos sok remen kutrat-kotret boh ngadamel dongeng serieus plus bobodoran, kuman komen kana seratan batur, tungkad tangkodkeun file. Aya rebeh pangambung, aya isin oge disebat "produktif" ku Apih teh (nuhun, Pih)*heheh* sanes nanaon jiga nu teu aya damel* padahal muhun, eh ketang hobi eta mah* Komo tepang sareng Kang Denny Suwarja mah, teu tebih tina implengan*jalmina rame!*kitu deui Tetehna. Da jalmi mah dimana-mana sami wae pami ningali dedegan abdi nu di luhureun rata-rata istri, nembe percanten pan pami abdi teh jangkung badags?! Tenaanggg*badags ge lindeuk (zapathi)*hihihi* Rada kuciwa oge, tebih dijugjug anggang diteang teh tos taki-taki bade meser novel Dong Mu-na MJ, hoyong kenging tawisanana. Ari pek teh teu kabagean*dipiwarang ka Gramed bae. Bingah, tiasa tepang sareng Kang Syam & Kang Ndoel (benten dina poto, sagala diingu nya janggot, nya kumis teu tinggaleun eta godeg*bala we sugan mah heheh*) nembe ningali aranjeuna ge tos hayang seuri ti katebihan. Nitenan hiji-hiji jalmi, diemutan teras dibandingkeun sareng seratan2 di milis, tetela teu tebih ti sangkian, tapi seueur oge nu "misleuk" diimpleng kitu, eh kieu geuning... Hapunten, abdi teu tiasa ngiringan HBH dugi ka rengse enjingna sareng teu amitan deui, margi waktos parantos sonten, sareng dinten Minggu-na kedah nyubuh ngaluuhan acara kantor. Disarengan ku Kang Im & Kang Ikmal abdi saparakanca (Teh Herni mah dikantun, da ngawengi) amitan, mulih tipayun nebeng ka Wa Suryadi. Haturnuhun pisan ka Apih, kuncens, inohongs & rengrengan panata calagra, tur baraya nu sanesna abdi kenging pangalaman ti HBH munggaran, tiasa nambihan babarayaan, elmu pangaweruh perkawis Kasundaan. Boh bilih diantawis baraya aya nu ngaraos abdi jalmina tebih tina sangkian, dikinten kumaha* ari pek teh geuning jiga nu somse atanapi jutek, tapi da kieu ayana*hoyong ngobrol, sok bingung naon nu bade diobrolkeun, numawi seueur cicing, keur mah nembean deuih* hapunten pisan. Mugi sanes waktos urang tiasa tepang deui baktos, ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] 10/27/07 11:35PM >>> Tadi sore kuring ka HBH Kusnet di Kiara Payung Jatinangor. Tepang sareng Apih Siddik, Kang Ndoel, Kang Toni, Kang Boim, Teh Imas, Kang Kumi+Neng Puppy+Bagja, Kang Ikmal, Neng Anita, Kang Hendri, Alo Runa, Kang Dipa sareng nu sanesna......punten ka nu teu kasebat. Kenging oleh-oleh ginseng Korea ti Apih, oge kaos ti Kang Toni. Rame lah HBH teh, mung urang Bandung kamarana? Saurna tos marulih deui. Atuh teu tepang sareng MJ, Ua Sas, oge Kang Oman. Mung hanjakal panggilan negara menanti, hehehe...kudu balik deui ka kantor. Ceuk Kang Toni mah, meni tisuksuk ti dungdung, hehehe..... Wayah kieu, ceuk sms ti Kang Toni, keur karaoke-an. Rek dugi ka enjing-enjing. Leuh resep nya. Wilujeng ka panitia HBH Kusnet 2007. Mugi lancar dugi ka rengsena. Baktos, -ika-

