Sing saha wae anu kamari nungkulah acara HBH KUSnet
2007, pasti moal rugi. Kuring mere istilah ka para
anggota KUSnet anu sok ngahadiran acara HBH, lir
ibarat geus boga getih goib, anu hese dijelaskeun.
Istilah goib ieu, ngahaja dipake, nyutat tina
katerangan kang Deny( atawa Kang Maman Gantra, kuring
poho deui) anu nganggap KUSnet teh hiji barang goib,
sabab teu katempo bungkeuleukanana (=dunya maya), tapi
karasa mangpaatna, ngaraketkeun sakumna urang Sunda
sajagat, sok sanajan dipisahkeun ku jarak (dimensi
waktu jeung rohangan).
Jadi lamun nanya ka Kang Tito anu dumuk di Surabaya,
ngahaja ti poe rebo keneh aya di Bandung, pikeun
nungkulan HBH KUSnet, pangdorong naon nepi hayang
ngahadiran acara HBH KUSnet, pasti hese mere jawaban
anu pasti. Nya kitu deui, lamun ditaros ka Kang
Ganjar, anu nepi ka dua kali datang,pasti Pak Rektor
Unpad boga iketan batin anu kuat ka KUSnet.
Kitu oge lamun nalek  ka Apih Sidik, anu tiap HBH teu
kendat sumping sareng istrina (urang Korea), Nani
(putrina anu alumni FISIP UI), pasti moal kakorek
alesan utama ngahadiran HBH.
Ari soal naon anu dipadangkeun dina acara HBH
KUSnet,tempatna dimana, eta mah nomer ka sabaraha
teuing. Tapi anu utamana mah, HBH teh pikeun kuring
mah, jiga "cuci darah", ngabeureumkeun deui getih goib
KUSnet.

Pamungkas, lamun Mang Ayip Rosidi boga hiji tradisi
mere ajen ka para pangarang jeung pemerhati
kabudayaan,  anu taun ieu nincak ka 17 terus-terusan,
teu aya salahna lamun KUSnet oge nyieun acara HBH
sacara terus terusan tiap taun, pikeun
"ngabeureumkeun" getih Goib para anggota KUSnet.

baktos,

mrachmat uidipura







__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke