tah meureun manehna mah make poin nu ieu: f. konvoi, pawai atau kendaraan orang cacat; nya meureun maranehna mah (komo kalakuan jiga kitu) garering pikir, alias cacat mental matak sok hayang diheulakeun oge. kitu weh lah ngarah urang teu jadi esmosi nu teu puguh. keun weh esmosi mah sugan bisa jang "merangan" walanda heuheu.... wayahna nu cageur kudu bageur.
uing ge hayangna mah mun kitu teh da ngagelutan... tapi maranehna pan lobaan, jadi nyaaa wayahna weh urang2 kudu nyingkir (bari tetep ambek oge heheh...) sababaraha bulan ka tukang pernah aya rame2 jiga kieu tapi da ari geus mental jiga kitu mah nyaa tetep weh caracat mental --- In [email protected], "irpan rispandi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > PP No 43. tahun 1993 > > Pasal 65 > (1) Pemakai jalan wajib mendahulukan sesuai urutan > prioritas sebagai berikut : > a. kendaraan pemadam kebakaran yang sedang melaksanakan tugas; > b. ambulans mengangkut orang sakit; > c. kendaraan untuk memberi pertolongan pada kecelakaan lalu lintas; > d. kendaraan Kepala Negara atau Pemerintah Asing yang menjadi tamu negara; > e. iring-iringan pengantaran jenazah; > f. konvoi, pawai atau kendaraan orang cacat; > g. kendaraan yang penggunaannya untuk keperluan khusus atau mengangkut > barang-barang khusus. > > (2) Kendaraan yang mendapat prioritas sebagaimana dimak- > sud dalam ayat (1) harus dengan pengawalan petugas > yang berwenang atau dilengkapi dengan isyarat atau > tanda-tanda lain. > > (3) Petugas yang berwenang melakukan pengamanan apabila > mengetahui adanya pemakai jalan sebagaimana dimaksud > dalam ayat (1). > > (4) Perintah atau larangan yang dinyatakan dengan alat > pemberi isyarat lalu lintas tentang isyarat berhenti > tidak diberlakukan kepada kendaraan sebagaimana > dimaksud dalam ayat (1) huruf a sampai dengan e. > > *** > > ka baraya anu teu ngaramekeun HBH, naha ? :) > > dina email ieu kuring rek nyaritakeun katugeunah ka gorombolan Harley > Davidson (HD), oge hayang ngomong sinis ka pulisi BM anu bisa disewa(?) ku > HD, melakukan tugasnya membuka jalan. siga awewe panti pijat anu bisa di *** > asal dibayar. > > caritana kamari basa kuring balik ti HBH kiara > payung, kuring balik deui ka jakarta kana motor. tadina bareng jeung > Runa. tapi kuring katinggaleun, he..he..he... motor suprafit kuring > eleh lumpat ku suzuki smashna runa. > kuring jeung runa kapisah ti bandung keneh. > > di jalan cimahi padalarang, jalanan cukup lancar najan kandaraan loba > oge di jalan. keur tenang-tenang, kadenge sora sirineu, terus aya > motor pulisi BM dua manehna nyalip. > anu terlintas dina pikir kuring harita, pasti rombongan pejabat ngaliwat. > nya kuring teh rada nyisi mere jalan. najan hate mah kukulutus, euh dasar > pejabat, sanajan pelesiran oge tetep we hayang ngeunah dijalan make jeung > sok reresmian sagala, dikawal BM. > > ari pucunghul teh motor HD hiji, barang ningali anu ngaliwat teh motor HD > lain mobil pejabat, nyel teh kuring jadi keuheul. setan alas ceuk dina hate > teh, emang lu siapa make jeung hayang diprioritaskeun di jalan. emang sia nu > boga jalan teh. tapi angger dina hate. henteu ari pok mah. > ngan motor kuring dikatengahkeun teu mere jalan ka motor HD anu kadua. > ari pek teh leungeun kuring di tepak, ku pengendara HD eta, teuing ngomong > naon teu jelas. ah kuring cuek we, ngajalankeun motor di tengah. kabeneran > dihareup aya angkot,atuh kuring ka kanan nyiap eta angkot. > maneh oge sarua rahayat, naha make hayang diistimewakeun di jalan, kitu > maksud kuring ngahalangan motor HD teh. > di tukang kadenge eta pengendara HD teh hahaok, > he..he..he.. > > nepi ka lampu merah padalarang, lampu beureum hurung, atuh daek teu daek > kuring eureun. > euleuh euleuh, eta gorombolan HD teu boga kaera, manehna nyokot jalan kanan, > lampu merah di liwatan. > beuki we hate teh panas. emang lu siapa !!! > > lampu hejo hurung, kuring ngagas motor nyusul gorombolan tea. kabeneran di > hareup rada macet. > kasusul terus siga tadi deui kuring ngajalankeun motor di tengah > ngahalangan. pengendara kadua anu tadi nepak leungeun tea ngomong, ayeuna > mah kadenge sapotong sapotong. diantarana " bahaya buat kamu, kamu bisa > celaka", "kamu mau gabung sama rider kamu?' . > bari tetep ngajalankeun motor di tengah kuring muka kaca helm, ngalieuk ka > pengendara tea, lalaki geus aya umuran kumisan, tapi make kacamata hideung. > ceuk kuring "kalau mau nyalip silahkan". > manehna ngotot "minggir gak, saya hitung sampai tiga". > wah manehna mulai keras yeuh, tadina kuring tetep di tengah, tapi dipikir > deui, lamun papanjangan kuring tangtu eleh. manehna pasti boga duit pikeun > nyogok pulisi, hakim, jaksa, jst. > ahirna bari hate mah angger kesel kuring rada nyisi, > > sanajan geus nyisi, aya pengendara motor ka opat mepet motor kuring, kuring > rada nyisi deui, tetep mepet, atuh reg kuring eureun, manehna ngalieuk ka > kuring, "aing meunang" kitu meureun ceuk pikirna. he..he..he... > > teu lila pulisi BM anu pang tukangna ngadeukeutan, tiditunamah ngupahan ka > kuring > meureun. sanggeus pulisi ngadeukeutan mah kuring teu daek deui siga > tadi, da bisi pulisina anu jadi jengkel. kuring jadi repot engke. :) > > insiden eta teh kajadianna di daerah padalarang. bari jalan, kuring > kapikiran nyokot jalur jonggol, lamun puncak mah macet, bisi gorombolan anu > tadi kasusul deui ku kuring, bisi kuring keuheul deui kamaranehna, > tungtungna kuring keneh anu rugi, da maranehnamah bisa meuli hukum. > ahirna kuring mutuskeun nyokot jalur jonggol. > > > keur mah ti baheula kuring teh teu resep ka konvoi HD anu asa pang hebatna, > nepi ka bisa nitah pulisi BM pangmukakeun jalan. > lampu merah dilanggar, macet teu daek antri, dsb. > na matak naon lamun sarua jeung pengendara sejen, waktuna macet nya ngilu > antri, jsb, da maneh oge sarua pamake jalan, rahayat biasa. mun kitu maraneh > teh duta besar negara sejen, kaharti. > > emang, maraneh teh loba duit, osok ngayakeun bakti sosial, dsb. ok palebah > dinya kuring ngacungkeun jempol. tapi cik atuh ulah menyakiti hati orang > lain sesama pengguna jalan. ulah asa pang na dijalan. > > btw, manehna arogan teh lamun konvoi, loba baturna, lamun sorangan mah tara > wanieun kikituan teh. Sakapeung di kemang jakarta, kuring oge sok manggihan > pengendara HD sorangan, angger we lamun aya lampu merah mah eureun. > he..he..he.. > jadi pengendara HD mah wanina koroyokan, lamun loba baturna jeung aya beking > pulisi. lamun sorangan mah ngulapes. > > kuring jadi bisa agul, he..he..he.. kuring mah sorangan ti bandung ka > jakarta, tapi teu sieun ku gorombolan HD anu motorna garede, awakna garede, > tapi leutik burih. > > astagfirullah, teu meunang takabur jang..... >

