Wa'alaikumsalaam w. w.

Pangesto, Kang Jaya! Bagea... Tah geuning, tos nambihan deui riungan urang
Sunda di pangumbaraan. Mung, kuring rek protes yeuh, kaci nya...?!

Ngeunaan ngaran SIWI PADJAJARAN, kumaha kuring kudu macana? SIWI PAJAYARAN
(ejahan heubeul) atawa SIWI PADJAJARAN (ejahan ayeuna)? Atawa ukur salah
tulis/ketik? Usulan kuring mah, geus wae make ejahan ayeuna, jadi ditulisna
SIWI PAJAJARAN, da karajaan anu di Bogor mah ngaranna kitu. Aya soteh nu
nulis Padjadjaran, eta mah kabeneran bae ditulisna jaman make keneh ejahan
heubeul (misalna Unpad). Da di dituna mah, heueuh jaman karajaanana ngadeg
keneh, teu pisan2 make dije dije (DJ) sagala, da nulisna ge make aksara
Sunda, lain aksara Walanda.

Mangga aos Pajajaran vs
Padjadjaran<http://kumincir.blogspot.com/2006/05/pajajaran-vs-padjadjaran.html>

Nuhun.

On 10/30/07, Jaya Putra Negara (GLA) <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Assalamualaikum Wr.Wb....
>
> Kumaha kabar dulur sadayana......Ieu abdi Jaya Putra Negara, ngawartosan
> ka wargi Sunda anu di Batam Khususna nya umumnya wargi sunda di saantero
> dunia yen di batam tos didirikieun tempat ririungan wargi sunda anu
> dipasihan nami : Silaturahmi Wargi Padjajaran (SIWI PADJAJARAN), siwi
> padjajaran ngarangkul Jawa barat & Banten..(urang pasundan) salian ti PWP nu
> tos aya di Batam.....
>

Kirim email ke