Paguneman Mang Utas:
Mang Utas jeung Si Bolot

"Lieur aing mah Lot, ngabandunganana !"
"Ari kitu ngabendung naon Mang?"
"Lain ngabendung Lot...tapi ngabandungan !"
"Ohh..Bandung, iraha kitu Amang ti Bandung? naha bet teu ngajak-ngajak rek 
pelesir teh."
"Heuuh...ari maneh, lain tas ti Banduuuung, tapi ngabandungan, kaharti teu ?!"

"Ih..titatadi oge kadangu atuh Mang, yen Amang teh tas ti Bandung, mana atuh 
oleh-oleh peuyeum Kuningana ?"

"Tuh nya maneh mah, jauh-jauh ti Bandung hayoh kalahka nanyakeun oleh-oleh ti 
Kuningan, peuyeum Bandung atuh ari ti Bandung mah !"

"Tah enya Mang..peuyeum Bandung maksud kuring mah."

"Ke nya..urang melak heula sampeuna, eta oge mun purun melakna !"
"Baruk aya nu malak nya  di Bandung na, naha atuh teu wawartos ka kuring Mang, 
saha anu malakna Mang, keun urang jekok mun panggih."

"Hmmm..asa ngomong jeung panto jeung maneh mah, heuplah...aing kalahka jadi 
mules kieu."

Kebo Hideng #Tasikmalaya



  

Kirim email ke