Na ..... ari nu bolot ... meni kamalinaan teuing atuh ....! Cingan Kang ....... cobian piwarang ngobrol sareng anu gagu .... da sim kuring mah bingung atuh .....
----- Pesan Asli ---- Dari: Kebo Hideung Kepada: [email protected]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED] Terkirim: Selasa, 30 Oktober, 2007 3:18:28 Topik: [Urang Sunda] Mang Utas jeung Si Bolot Paguneman Mang Utas: Mang Utas jeung Si Bolot "Lieur aing mah Lot, ngabandunganana !" "Ari kitu ngabendung naon Mang?" "Lain ngabendung Lot...tapi ngabandungan !" "Ohh..Bandung, iraha kitu Amang ti Bandung? naha bet teu ngajak-ngajak rek pelesir teh." "Heuuh...ari maneh, lain tas ti Banduuuung, tapi ngabandungan, kaharti teu ?!" "Ih..titatadi oge kadangu atuh Mang, yen Amang teh tas ti Bandung, mana atuh oleh-oleh peuyeum Kuningana ?" "Tuh nya maneh mah, jauh-jauh ti Bandung hayoh kalahka nanyakeun oleh-oleh ti Kuningan, peuyeum Bandung atuh ari ti Bandung mah !" "Tah enya Mang..peuyeum Bandung maksud kuring mah." "Ke nya..urang melak heula sampeuna, eta oge mun purun melakna !" "Baruk aya nu malak nya di Bandung na, naha atuh teu wawartos ka kuring Mang, saha anu malakna Mang, keun urang jekok mun panggih.." "Hmmm..asa ngomong jeung panto jeung maneh mah, heuplah...aing kalahka jadi mules kieu." Kebo Hideng #Tasikmalaya . ________________________________________________________ Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

