---------
Mang H ...assalamualaika....
Sapangemut mah pamendak akang teh aya leresna -Nu ngadaramel kamus silih tiron’ 
margi ningal di toko buku mah memang penjelasan dina entrina teh ’sarami’.

Nyanggakeun  terasna ieu dongeng....biasa upami kirang peminat mah ku abdi ge 
moal diteraskeun sieun ngabarubahkeun kadang wargi

Baktosna
Eddy Nugraha

---------------------

Ari Batara Karang arahan tinu murbeng alam mah atuh tina agama ayeuna islam oge 
kudu aya  ...mana saksina...?? kumaha carana/metodana/paradigmana ??   


(Bagian III)

2. Lebah-lebahna makam Ulikan Batara Karang dina Qur’an


Samemeh asup kana bagian cara/metoda nu leuwih teleb ngeunaan ulikan kasundaan 
Batara karang supaya jadi kanyataan karang, urang susud heula saksi tina 
kaagamaan Muhammad, sabab: 

Kahijina, nu nulis mah ngadeukeutan kasundaan teh sasat nutur-nutur syareat 
Sayidina Muhammad Sang Rahmatan lil alamin tedak quraysh (sakadugana - boa 
pantes boa henteu). 

Kaduana, ameh dina asup kana disiplin ulikan batara karang karya tedak sunda  
nu ngawengku falasifah katut kamatihan kamampuhanana teh nu maca geus boga 
referensi nu bisa jadi saksi pakeun  nyusud atawa saukur ngaenya henteukeun ieu 
ulikan.
 
Kieu dongengna........



Ulikan hakekat Karang/taneuh teh aya hubungana jeung Bapana manusa nu ngaran 
Adam nu dipilih ku Nu murbeng alam jadi wakilNa di dunya (khalifatullah). 

Adam, diantara rupa-rupa mahluk (kaasup Malaikat (dijieun tina Sunda (Nur) 
jeung Iblis (dijieun tina seuneu),  dipilih jadi wawakil Allah di dunya teh 
dijieunna ngan dicaritakeun ’bahan dasarna’ UKUR TINA KARANG/taneuh.  Malah 
cenah dina mushaf utsmani disebutkeun karang/taneuh na teh likeut  gampang 
(sabab bisa) diropea (dibentuk) - nyatana taneuh liat/tiin. (Al-A'raaf).

Hal ieu aya bedana – mun teu kasebut beda pisan- jeung kajadian jelema umumna 
nu dicaritakeunana dijieunna tina nuftah, turobun jeung saterusna nu lain 
saukur/ngabogaan unsur karang/taneuh tapi cai. Malah dicaritakeun keur  yen 
sakumna mahluk (tangtu kaasup jelema da jelema ge mahluk) dijieunna 
asal-mualsalna tina cai (teu disebutkeun tina karang/taneuh mungkul).

Jadi ana kitu….

Harti Adam tina karang ieu bisa leuwih ngandung harti 
metaphore/figuratif/perlambang….yen maksudna… nunjukeun kana 
makam/pangkat/level/kualitas hiji jelema nu diangkat jadi wakil Allah teh sabab 
boga karakter karang. Hartina….. jelema nu gampang/bisa /narima 
diropea/diajar/dibere treatment/dibere nyaho rupa-rupa asma 
(informasi/data/elmu/pangalaman jrrd). 

Nyatana…. Cenah saur Allah dina mushaf utsmani…. 

Adam mah pas diajarkeun rupa-rupa asma teh ku Allah  bisa/mampuh 
nalar/nyangkemna. Pas dipiwarang nyaritakeun deui  payunen malaikat teh 
bisaeun/apal/nyangkeum sagala rupa asma nu tos diajarkeun malah 
katalar/kacangkem kabeh..teu kacaritakeun ngan apal sabagian.

Malah-malah….
Pan malaikat ngawitan na protes da tos apriori –geus terang- yen jelema mah  
umumna tukang ngaruksak (tingali qur’an……)  ngan Allah langkung terang yen 
jelema nu dijieun/boga karakteristik taneuh mah bisa dijieun wakil manteNa 
sanggeus diajarkeun/nyaho asmaNa.

Jadi ana kitu…

Ngan nu boga karakter karang nu bisa jadi wawakil Allah didunya da jelema umuna 
mah malaikat ge tos apal ngan saukur nyieun pacogregan jeung papaseaan/ngarusak 
dunya.
 

Ngan ngarana jelema sabab aya oge ngandung karakter karangna jadi bisa eta 
karakter teh nguatan/dominan. Nu lamun geus diropea/diajar/ditreatment (sabab 
bisa) teh nya pantes ngaku/jadi seuweu na Adam nu kapeto  jadi khalifatullah di 
dunya.

Naha perlu atikan keur jelema…. supaya karakter karang teh terus kuat??

Urang teraskeun salajengna upami pareng
=====



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke