--- On Fri, 10/26/07, Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> From: Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Ajian Batara Karang: Ageman Pakeun Jadi Khalifatullah Fil Ardhi !? 
> (2)
> To: [EMAIL PROTECTED], [email protected]
> Date: Friday, October 26, 2007, 8:13 AM
> Assalamualaikum
> 
> hapunten aya kalepatan 'teknis' bagian II na teu
> kakintunkeun.....janten rada  kirang lengkap kanggo
> 'introduction'na. 
> kanggo pa kuncen  urang sunda pangapunten naon margina sim
> abdi dianggap sanes anggota milisnya? ari ngintun lebet ari
> bade muka dina group kedah daftar deui sareng masih ngantos
> approval?..padahal raraosan mah tos janten anggota teh
> lami.....bilih aya kalepatan sim abdi nyuhunkeun di
> wartosan kedah kumaha? 
> hapunten ka kadang wargi nu nga reply mung katampi masih
> ngalangkungan kisunda.
> 
> anyway, (he...he...naon sundana nya) nyanggakeun terasna
> ieu dongeng kampung
> 
> 
> ==============
> 
> II
> 
> Dina ulikan kasundaan hususna kasumedangan (elmu madangan
> nyaangan batur) saperti nu disebutkeun dina bagian
> panganteur aya ulikan  utama (advance) jadi Kanyataan
> Karang. Saliwat mah –sabab geus katumanan ku rasa kecap
> karang nu hartina teuas/weduk /kanuragan/ nu teusampurna
> – ulikan batara karang nyoko/boga warna mangrupa ulikan
> kanuragan supaya jadi weduk. 
> 
> Ngan sanggeus ditilik-tilik ditatanyakeun mah...
> 
> Ulikan hayang weduk mah, cenah, lain ku cara ngulik nepi ka
> batara karang tapi ku, biasana, cukup ku puasa/matigeni
> sababaraha poe - bari migawe hiji latihan, diantarana aya,
> ku make olahan napas make ritme husus supaya ngawangun hiji
> ’field’ kana awakna atawa wiridan nu prosesna pakeun
> bisa museurkeun saraf kana hiji ’koordinat’ rasa make
> metode tertentu jeung kudu wae di ’resonansi’ kunu geus
> bisa (utamana lamun teu make puasa) -  nu diajar bisa weduk.
> 
> 
> Bari nu kitu teh,... 
> sok baroga pantangan/mangaruhan karakter nu
> ngulikna/mangaruhan rijki (cara babandana) jrrd gumantung
> kana muhitna. Jeung utamana kudu apal cara
> ngaleungitkeunana deui -install jeung uninstall- aya nu
> install jeung uninstallna teh ku guruna, aya nu bisa
> kusorangan di uninstall ari rek paeh, aya oge -nu alus mah-
> bisa diinstall/uninstall ku sorangan iraha wae sakarepna)
> (tingali – bagian IV atawa tulisan ’Kanuragan kami naha
> enya kanuragan?’). 
> 
> Na  nu kumaha atuh ajian batara karang  jeung jadi
> kanyataan karang teh?
> 
> Memeh ngadadarkeun kanyataan karang tina ulikan batara
> karang. Urang tepikeun heula caritaan ngeunaan naha jalma
> rea kaayeunakeun loba nu nganggap batara karang saperti
> diluhur? 
> 
> Urang mimitian ieu ku guaran nurutkeun istilah nu
> dipake....
> 
> 1. Harti Kecap karang
> 
> Lantaran  kagegedekeun ku kabiasaan make Basa Indonesia
> jeung beja ti jalma awam yen loba jelema nu cenah weduk teu
> raheut ku bedog disebut ngabogaan aji batara karang kawas
> carita diluhur, kecap karang ku para ahli basa sunda ayeuna
> (punten bilih aya ahli basa sunda di di kisunda/urang sunda)
> leuwih di asosiasikeun kana kecap batu karang (Indonesia)
> batu nu teuas nu kapanggih di laut ( tingali  - Kamus umum
> Basa Sunda LBSS 1992). 
> 
> Matak tuluyna....
> eta entri jadi siga teu nyambung pas nyaritakeun harti
> kecap karang dina maksud ’karangan’ jeung sajabana.
> ...tuluyna dadaran eta entri...pakarangan cenah, misalna,
> tanah sakuriling imah, ngarang nyieun carita, karangan
> hasil ngarang jeung pangarang nu ngarang. 
> 
> Sabenerna di kampung mah harti kecap KARANG teh TANEUH.
> Karang kawas taneuh hideung dina kulit nu koneng/bodas. Ieu
> nu teu ditulis dina entry kamus jeung geus jarang ka sungsi
> ku umum.  Ari taneuh mangrupa barang nu bisa diolah jadi
> naon wae (sabab bisa) jeung tempat hirup mahluk. Hartina
> kanaon wae bisa: dirawat subur, diruksak ngahgar, digali
> dieksplorasi bisa sagala aya nyampak pakeun sagala kabutuh
> mahluk tur pakeun ngaruksakna; Dipelakan bisa (jadi media
> ti sakabeh tutuwuhan), digahgarkeun bisa. Nu lembok hejo
> aya nu jadi sagara keusik aya. Nu paeh jeung nu hirup
> bijil, cicing jeung asupna (paeh) ka dinya.  Pokona mah
> taneuh mah dikana naon jeung dikumahakeun ge bisa lir
> ibarat budak nu kawas kertas bodas dikumahakeun ge bisa
> kumaha nu nulisanana- Ari batu karang (basa Indonesia) sisi
> basisir mah di sunda sok disebutna batu cadas pan  aya
> tempat kakoncara ngarana cadas ngampar!!??
> 
> Matakna...matakna....
> Kecap pakarang ngandung harti barang (beusi umumna) nu geus
> diolah ditempa diseukeutan dido’aan (sabab bisa)  nepikeun
> ka jadi seukeut atawa aya peurahan); Pakarangan taneuh
> sabudeureun imah nu geus diolah (sabab bisa diolah) ku
> sabangsaning tutuwuhan jeung rupa-rupa kumaha kahayang nu
> boga; Di Kuningan aya kecap Karang Asisten Wadana hartina
> imah camat. Sabab taneuhna geus dijadikeun tanah pamarentah
> dijadikeun milik camat (sabab bisa).
> 
> Saluyu jeung eta... 
> Harti kecap karangan mangrupa hasil olahan tinu bisa di
> olah (ide) jadi hiji susunan carita/karya (sabab bisa);
> Pangarang jelema nu uteukna bisa diolah/dipake nyusun
> carita (sabab bisa); Kawartikeun nepi ka ayeuna tempat
> sumarena Sang Manarah luluhur Galuh disebutna Karang
> Kamulyan sabab mangrupa taneuh kamulyaan hasil olahan
> (sabab bisa) eta seuweu siliwangi;  Aya Karang pawitan di
> Garut nyatana taneuh tempat kumereb nu jadi
> ’modal/aset’ hurip (sabab bisa); Aya oge karang anyar
> di nagri Bandung (meureun baheulana mah) taneuh nu karek
> anyar dibukbak dijadikeun panganjrekan (sabab bisa).  Aya
> deui karang kambang taneuh (pulo leutik) di sagara nu teu
> karem ku ombak laut  kawas ngambang luhureun sagara.
> 
> Jadi sakali deui..... 
> Hartina karang di sunda mah taneuh....  matak tangtu pada
> nyaho naon ari banjar karang pamidangan?. 
> 
> 2. Harti kecap Batara
> 
> Kecap Batara aya sabaraha harti: 
> 
> Kahiji, Batara diwancah tina Ba hartina 2, Tara
> kaahlian/’manifestasi’. Jadi hiji jelema di sunda boga
> gelar batara sabab ahli ngawasa atawa tapis dina  2 hal
> lahir jeung batin matak jadi panyaluuhan lir dewa (tingali
> ’Dewa Ruci’) kongas diantarana Batara Guru di Jampang
> jeung Batara Sakawayana. 
> 
> Kadua, Bhaṭāra dina hindu cenah Rasulullah keur ngauban
> manusa, kawas Avatar (awatara) saperti Rama jeung Krisna.
> Batara ngawujud jelema, teu kabeh dewa jadi batara. 
> 
> Katilu, Di Bali  Kecap Batara disaruakeun jeung kecap Dewa.
> 
> (kadua jeung katilu tingali diantawisna dina - wikipedia) 
> 
> Tiluharti tina kecap Batara diluhur masih sawarna nu bisa
> dijadikeun arahan yen Batara ngandung harti manusa nu geus
> bisa ngauban alam tur eusina sabab tepi lahir tepi batin
> bari lahir batinna waluya nangtung ajeg, nu kitu sok jadi
> panyaluuhan jelema da bari sok ngauban nu bakating ku
> dipuhitna ku nu butuh lir jadi wawakil Pangeran nu murbeng
> alam.  
> 
> 
> Ana kitu.....
> Ajian Batara Karang nyatana ulikan/jampe/tips/ajaran nu
> ngajadikeun atawa ngarahkeun nu ngulikna ngawasa lahir
> batin ngeunaan sifat-sifat taneuh nepikeun ka ngarti jeung
> jadi atawa timbul hakekat sifat taneuh (bisa kana sagala
> jeung ku sagala bisa) eta dina dirina. 
> 
> Ana kitu....
> Ulikan kasumedangan nu diantarana supaya jadi kanyataan
> (hakekat) karang (lain jadi karang/taneuh) ku jalan ngulik
> batara karang – ulikan lahir batin supaya boga/ngawasa
> hakekat taneuh salila di dunya. Kanyataan karang ngandung
> harti jadi kanyataan (hakekat) taneuh lain jadi kanyataan
> batu dumasar kana arahan nu asalna ti nu Murbeng Alam.
> Ulikan na dumasar ti Nu murbeng alam Allah swt sabab
> dipakena pakeun ngauban manusa (hakekat ka-bataraan/ka
> rasulan..
> 
> 
> Naha nu awakna weduk bisa bijil tina kamampuh Ajian Batara
> Karang? Naha nu jadi pamanggih umum ngeunaan batara karang
> salah kabeh? Naha nepikeun ka nu satingkat sunan Mangkurat
> IV ti jawa ngaulahkeun ngelmu karang ?? jadi naon atuh
> beda/onjoyna kasundaan jeung kajawan?? (bagian VII) 
> 
> Ari Batara Karang arahan tinu murbeng alam mah atuh tina
> agama ayeuna islam oge kudu aya  ...mana saksina...??
> kumaha carana/metodana/paradigmana ??   
> 
> =================
> bagian salajengna urang kintunkeun kapayun upami pareng
> 
> baktosna
> Eddy Nugraha
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection
> around 
> http://mail.yahoo.com

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke