Sanajan kuring urang Sumedang pituin, terus terang we kuring lalajo tarawangsa teh kakara dua kali, baheula keur leutik, poho-poho acan, jeung kamari waktu HBH. DI lembur kuring, Cimalaka, rarasaan mah euweuh kasenian Tarawangsa. Nyaho aya kasenian Tarawangsa teh kulantaran Nini kuring aslina lain ti CImalaka, tapi ti Padasuka Sumedang. Daerah Padasuka Sumedang, wates kalerna tepung jeung daerah Rancakalong, tempat ayana kasenian Tarawangsa. Tah kulantaran deukeut jeung "daerah" tarawangsa, didaerah Padasuka oge aya group kasenian tarawangsa, malah nu mimpinna alona Pun Nini pisan ( jadi kuring mah kapi Ua). Hanjakal anjeunna ayeuna geus ngantunkeun. Duka saha nu neruskeun, sabab turunana mah, nya saperti kuring, ngalumbara, liar kota-kota .... jaradi kaum migran ....hehehehe.
Ngan ceuk ki lanceuk, nu sering lalajo tarawangsa, ti baheula keneh, nu ngibing tarawangsa umumna geus karolot, rek lalaki atawa rek awewena. Ceuk cohagna mah ...nini-nini wungkul. Tarawangsa seni "sakral", jajauheun kana igel-igelan erotis. Ngigelna asa ngaharib-harib ngigel awewe urang Dayak dina upacara adat, sarua siga "kakalayangan". Sora musik tarawangsa oge rada ngaharib-harib musik urang Vietnam/laos/kamboja. Moal boa tarawangsa teh sabenerna mah seni buhun, nu dibabawa ku ku karuhun urang nu ceuk cenah mah asalna ti daratan CIna kidul? Baktos, WALUYA

