Sanes ngeres Kang, tapi sim kuring mah bet kabayang teh kumaha mun nu ngibing 
teh aranom. Gareulis, ngareretna seukeut, tapi dina beuteungna aya keris, 
janten henteu tebih tina erotis mah....kumaha lah pokona naon atuh geulis 
berwibawa kitu.
   
  JP

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Sanajan kuring urang Sumedang pituin, terus terang we kuring lalajo 
tarawangsa teh kakara dua kali, baheula keur leutik, poho-poho acan, 
jeung kamari waktu HBH. DI lembur kuring, Cimalaka, rarasaan mah 
euweuh kasenian Tarawangsa. Nyaho aya kasenian Tarawangsa teh 
kulantaran Nini kuring aslina lain ti CImalaka, tapi ti Padasuka 
Sumedang. Daerah Padasuka Sumedang, wates kalerna tepung jeung daerah 
Rancakalong, tempat ayana kasenian Tarawangsa. Tah kulantaran deukeut 
jeung "daerah" tarawangsa, didaerah Padasuka oge aya group kasenian 
tarawangsa, malah nu mimpinna alona Pun Nini pisan ( jadi kuring mah 
kapi Ua). Hanjakal anjeunna ayeuna geus ngantunkeun. Duka saha nu 
neruskeun, sabab turunana mah, nya saperti kuring, ngalumbara, liar 
kota-kota .... jaradi kaum migran ....hehehehe.

Ngan ceuk ki lanceuk, nu sering lalajo tarawangsa, ti baheula keneh, 
nu ngibing tarawangsa umumna geus karolot, rek lalaki atawa rek 
awewena. Ceuk cohagna mah ...nini-nini wungkul. Tarawangsa 
seni "sakral", jajauheun kana igel-igelan erotis. Ngigelna asa 
ngaharib-harib ngigel awewe urang Dayak dina upacara adat, sarua 
siga "kakalayangan". Sora musik tarawangsa oge rada ngaharib-harib 
musik urang Vietnam/laos/kamboja. Moal boa tarawangsa teh sabenerna 
mah seni buhun, nu dibabawa ku ku karuhun urang nu ceuk cenah mah 
asalna ti daratan CIna kidul?

Baktos,
WALUYA




                         


Makarya Mawa Raharja

 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke