kungsi kuring oge ngalaman ubar-ubaran jiga kieu teh. harita jaman keur sok ngarit keur parab domba. ari ngarit teh tara sosoranganan, kitu we sok rombongan jeung batur-batur. selang-selang tina ngarit, hiji mangsa ngadon ulin peperangan. carana: lengeun kenca nyekel arit, leungeun katuhu nyekel gagang daun cau nu daunna geus dirorodan dauna. terus eta gagang daun cau teh dibabukeun kana arit sapotong-sapotong, ting baliur sili tenggor. bakat ku pogot, les weh poho, yen gagang daun cau geus pondok pisan, na atuh eta mah, curuk katuhu ampir rampung keuna kana arit seukeut beunang ngasah. puguh we baloboran getih. gura-gitu ditambaan ka kokolot lebur nu sok ngubaran. sugan teh rek dikumahakeun. eta mah curuk nu baloboran getih teh, hayoh dilamotan, atuh puguh we linu nyanyautan. teuing bakat ku teu katahan nahan kalinu jeung kanyeri, na ari burutbut teh ti tukang milu ngengklokan. hayang seuri ongkoh, era ongkoh, linu jeung nyeri mah geus puguh deui, pagalo jadi hiji. (mh)
On 11/1/07, firman raharja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Inget kamari-kamari (taun 90-an) > ka alaman pisan waktu ramo 2 kakadek > mani gudawang pisan > waktu batur anu aya keur hariweusweus > pun bapa gura giru ka pipir > datang datang bahamna pinuh ku daun babadotan > terus dilepehkeun dicampur ku apu seupaheun > pel pel we di tapelkeun kana tatu teh > terus dibungkus lamak sacewir > sakira geus tilu poe dibuka > alhamdulillah euweuh tapak-tapakna acan ayeuna > > > raharja > > *mh <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: > > Ubar-Ubaran Harita > > Panineungan Supriatna > > > > Mun raheut rada jero, boh kacugak, tipagut, titajong, kakeureut, > kapancong, atawa ku naon wé, gampang. Babadotan dirieus (mun rusuh mah > diseupah wé, siga nyeupah), plok wéh dipokokeun. Geuning sok jadi > guguyon baréto mah, mun nu keur cacarita aya nu nyebut "pokona mah…" > anu, anu, anu, sok diéngklokan, "pokona mah babadotan…!" Cirining > populér pisan tah daun pahang téh! > > > Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com > > >

