Inget kamari-kamari (taun 90-an) ka alaman pisan waktu ramo 2 kakadek mani gudawang pisan waktu batur anu aya keur hariweusweus pun bapa gura giru ka pipir datang datang bahamna pinuh ku daun babadotan terus dilepehkeun dicampur ku apu seupaheun pel pel we di tapelkeun kana tatu teh terus dibungkus lamak sacewir sakira geus tilu poe dibuka alhamdulillah euweuh tapak-tapakna acan ayeuna
raharja mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ubar-Ubaran Harita Panineungan Supriatna Mun raheut rada jero, boh kacugak, tipagut, titajong, kakeureut, kapancong, atawa ku naon wé, gampang. Babadotan dirieus (mun rusuh mah diseupah wé, siga nyeupah), plok wéh dipokokeun. Geuning sok jadi guguyon baréto mah, mun nu keur cacarita aya nu nyebut "pokona mah " anu, anu, anu, sok diéngklokan, "pokona mah babadotan !" Cirining populér pisan tah daun pahang téh! Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

