Aya seratan Uwa Sas dina Mangle wedalan No. 2141 (1 - 7 Nopember 2007), anu 
ngadugikeun gagasan/usulan anu kalintang saena ngeunaan e-book anu peryogi 
dikokojoan ku LBSS.
   
  Dihandap ieu potongan seratan anjeunna (salengkepna tiasa diaos dina Mangle):
   
  Aya hiji situs internet anu kawilang popiler sok disebut Gutenberg (Gutenberg 
nyutat tina ngaran jalma urang Jerman, ngaran lengkepna Johann Gutenberg anu 
hirup antara taun 1400-1468 M. Dina bukuna Michael Hart, Seratus Tokoh, asup 
kana urutan nomer dalapan dianggap boga jasa keur ngamekarkeun sajarah dunya 
lantaran geus mampuh nyiptakeun alat nyitak buku) di alamat 
http://www.gitenberg.org. Ieu situs teh kaasup situs nirlaba anu nyadiakeun 
e-books, bisa dikunjal (download) ku saha bae kalawan haratis. Lamun urang 
hayang maca buku karya Jules Verne anu judulna Around the world in 80 Days 
tangtu we dina basa asing, tinggal klik, langsung bisa dibaca. Hasil pangarang 
sejen ge nyampak kayaning karya Charles dickens, Oscar Wilde, Edgar Allan Poe 
jeung sajaba ti eta.
   
  Sigana lamun urang Sunda nurutan siga kitu asana teu salah-salah teuing, boga 
situs samodel Gutenberg, dikokojoan ku LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra Sunda). 
Pangna kudu dikokojoan ku LBSS pedah we apan LBSS teh hiji lembaga anu 
dihenteu-henteu ge boga otoritas kana kamekaran basa katut sastra Sunda.
   
  Carana teu hese-hese teuing, entong ari dina webblog anu haratisan mah, era 
bisa majarkeun LBSS teu boga biaya jeung bisi disangka amatiran. Anu penting 
aya niat heula kalawan jejem, dina derma mah pasti loba anu mantuan.
   
  Eusina, nyakitu samodel Gutenberg, ngadigitalkeun buku buku basa Sunda, bisa 
dikunjal (download) ku saha bae kalawan haratis jadi sifatna nirlaba, lain 
komersial. Ngan tangtu aya aturan, buku basa Sunda anu mana anu bisa 
didigitalkeun, kalawan disebarkeun dina internet. Ulah nepi ka aya sangkaan 
ngalanggar HAKI (Hak Kekayaan Intelektual), ceuk legegna mah ulah nepi ka 
ngalanggar copyright, kudu bener-bener buku anu geus right to copy. Keur 
saheulaanan ngadigitalkeun buku-buku anu umurna geus lima puluh taun ti mimiti 
dipedalkeun (hal ieu ge kudu ditalungtik deui naha enya nu geus umurna lima 
puluh taun, kudu disaluyukeun deui jeung Undang-Undang HAKI), atawa menta ijin 
heula ka pangarang jeung pamedalna.
   
  Salian ti sifatna nirlaba kudu terbuka deuih, maksudna kudu ngawadahan saha 
bae anu rek jadi kontributor sakalian ngawadahan anu rek jadi donatur. Nu 
disebut kontributor nyaeta anu sadia jadi relawan pikeun mantuan ngeusian 
situs, sedengkeun donatur mah nya anu mantuan mere biaya. Didieu ge tetep aya 
aturan, tulisan anu dikirim ku kontributor kudu disortir heula ku administratur 
samemeh dianggap layak tayang. Ngaran eta situs bisa bae http://www.lbss.or.id 
dina salah sahiji menuna nyadiakeun e-book.
   
  Salam,
  Aschev




 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke