Bukélék... euheuheuheu... Kang Dian mah aya waé-waé... Ngarah henteu deukeut
teuing kana kélék, kumaha mun 'buku'na digentos ku 'pustaka', jadi pusélék:
pustaka éléktronik.

Perkawis pusélék Sunda édisi munggaran, mun teu salah (Kang Dian tangtos
uninga, sugan), anu geus kungsi medalkeun teh Kang Tata Danamiharja (punten
pami lepat) anu ngageugeuh sundablog (sundablog.blogspot.com), misalna bae
mangga uningaan
http://sundablog.blogspot.com/2007/09/ebook-gratis-tamba-sare-sore-sore.htmlatanapi
http://sundablog.blogspot.com/2007/08/ebook-gratis-kaulinan-budak-baheula.html

On 11/12/07, Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Sapuk pisan sareng kang Asep.
> Diantosan atuh "edisi perdana" buku éléktronik dina basa Sunda.
>

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke