Kamari kuring ngobrol jeung salahs ahiji patinggi di UI anu mudik ka Jawa waktos lebaran. Anjeunna teh ahli dina widang ekonomi.
Anu aneh tina acara mudik ieu teh nyaeta, salian ti anu rek lebaran, aya oge anu mudik ngan sakadar plesiran. Maranehanana teu lebaran, tapi ngiluan minuhan jalan jeung tempat rekreasi jeung tempat mondok. Ku ayana mudik (lebaran jeung nu ngan skadar rekreasi ieu teh), ngahirupkeun ekonomi rahayat. teu saeutik urang lembur anu mucekil ku ayana suasana mudik ieu. Sok sanajan engkena duitna dibeulikan ka barang-barang anu ti kota, anu hartina eta "aliran" duit teh balik deui ka kota. Kitu deui jiga Bandung anu unggal minggu heurin ku jalmi jeung mobil leter B, sacara signifikan ngahirupkeun ekonomi rahayat. Eta jadi pagegelek, atawa ngabalukarkeun jalanan macet, hiji aspek anu kudu jadi perhatian urang sarerea(pamarentah jeung masyarakat), kumaha sangkan rahayat sejahtera, tapi pikiran teu cape (stress) ku ayana jalanan macet jeung pegegelkna jalma. Jiga ayeuna di Jakarta, keur ribut jalanan macet ku sabab aya pangwangunan jalan Busway. Hiji conto, kumaha nyalaraskeun kapentingan (anu boga mobil) pribadi jeung kapentingan umum. Konci masalahna mah aya di pipikiran urang (mind set).Urang daek heunteu ngarobah pipikiran disalaraskeun jeung kanyataan kiwari. Jaka sembung mawa bedog tea alias teu nyambung? keun wae lah. Engke urang sambungkeun. baktos, mrachmat uidipura --- iwan â« mr <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > wah... > > ayeuna bandung teh pagelek gelek ku jalmi > salian ti eta oge pagelekgelek ku mobil leter be > komo gasibu dinten minggu mah... tos janten pasar > teu ngartos simkuring mah. na teu diperhatoskeun ku > kang dada rosada teh? > > hehehe, ieu mah saukur unek2 wungkul... > > imr > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

