panuju pisan, kang.. urang bantu pamarentah bandung wae.. soal runtah, urang bantu ku jalan tartibkeun diri sorangan jeung warga sakitarna supaya tong miceun runtah di mana bae. kurangan miceun sampah, kurangan ateul panangan rimbil ku kantong keresek pami balanja ti supermarket.
ajak urang jakarta atawa warga dunya nu sejena supaya pada palesir ka bandung tercinta. abdi gagaduhan semboyan yeuh ... Hayu!! ka Bandung .. hehe eta teh dijadikeun tema website sim kuring http://www.visitbandung.net ieu mah swadaya kuring sareng rerencangan weh, salaku putra asli sunda nu mikacinta pisan ka kota bandung, supaya bisa ngahaneutkeun wisata kota bandung jeung jawa barat pada umumna. --- In [email protected], trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Cenah Bandung teh Paris van Java, sedengkeun Paris teh kota wisata. Bandung ayeuna mah hese ari kudu nyaruaan Paris mah. Ngan kudu we atuh boga kahayang diarahkeun atawa saeutikna nyonto kota Paris, pamohalan ari rek nyusul mah. Sabenerna mah urang teh kudu era, ngaku ngaku Paris van Java. Bandung anu pasolengkrah, loba runtah, matak teu betah. > Loba urang Jakarta nu ngadon ulin ka Bandung, lain kalahka nyalahkeun urang Jakarta, majarkeun ngaheurinan Bandung. Malahmah kudu dibageakeun, hiap kadieu, didieu aya Dago, aya Braga, aya batagor, aya baso aya Brownies kukus, jeung sajabana rupa rupa kadaharan jeung kaulinan. > Batur mah hayang kadatangan wisatawan teh hese, kudu promosi, meakeun waragad anu lain saeutik. > Tinggal pamarentah kota Bandungna anu oge kudu boga kahayang. Contoan tuh kota kota batur anu sukses narik wisatawan, bisi ari nyontoan kota Paris mah hese teuing. > > Wasalam, > Kang Trias >

