Hehehe.sumuhun, apanan ieu mah bubuhan kaharti we basa na, nyaeta henteu ku
Sunda nya ku basa endonesa matak nyebutkeun "urang endonesa" oge, duka tah
mun di Jepang atanapi di nagri sanes da rumaos kuuleun J

Teh Roro, simkuring kantos tatalepa naroskeun naon anu dipikaresep ku wanoja
pami nilik kana dedegan jajaka, sababaraha diantawisna nyaeta resep ka
jajaka anu janggot sareng kumisna di kurud dugika bolenang, kaimpleng ceunah
ruruncang (leres kitu namina?) tempat nyangkoyotna kumis sareng angkeut
tempat ngagulayunna janggot janten katingal hejo carulang matak gegeut sing
saha wae (wanoja) anu neteup, enya puguh ari Keanu Reeves atanapi Casilas
(kiper real Madrid) dikitukeun teh bujeng ning dikurud, dalah dirurujad siga
baramaen oge tinangtu bakal pikauruyeun wanoja, kumaha mun mang Dase tukang
nanggung bata dikurud janggotna (punten bilih kasabit nami, ieu mah mungguh
conto wungkul J ), nu pinuh ku rorombeheun jeung kapalan naha bakal janten
pikauruyeun  wanoja kitu? Ah nyaeta atuh da anu puguh mah sanes perkara
kacindekan nanging ieumah panginten luyu na sareng budaya di tiap tempat, di
Asia nya da katurunan jarang buluan palebah kumis sareng janggot, nanging di
barat sareng arab mah teu tiasa disingkahan, kukituna nya mereun di arab mah
hiji "pengecualian" hehehe..

 

Nanging punten yeuh, pama nilik tina perkara ageman (agama), asa pamohalan
para wanoja ngadon ngayakeun demo kumis sareng janggot atanapi sahenteuna
nyarek, nyaram atanapi protes ka kikindeuwana kedah ngurud kumis sareng
janggot, da seseeurna aranjeuna oge ngartos yen eta parantos hiji bagian
tina sunnah, muhun sunnah Rasulullah tea. Apan dicaram jajaka muslim (ieu
mah ditujukeun ka jajaka anu pareng di pasihan tumuwuh kumis sareng janggot)
kanggo ngurud janggot sareng kumis dugika bolenang herang, kitu deui dicaram
pisan ngingu janggot langkung panjang tina ranggeuman panangan (nyaeta di
ukur ku sakeupeuleun panangan, pami aya langkungna nya kedah dipotong),
malihan aya sawatara pameget anu hoyong ngingu janggot ku perkawis manut
kana sunnah rasul nanging teu dipasihan leubeut, nya  kapaksa we ngingu tilu
opat lamar dugika pupurilitan dina gado, atuh janten bahan gonjakan batur
hehehe, nanging sakitu ogenan aya usaha tah jalma teh.   Sahenteuna, pemeget
muslim, asal katingal ngajepat janggot anu parantos di reka reka ku nyalira
atanapi salon, atuh kumisna nya kitu deui da ceuk simkuring mah moal
ngirangan kagandangan eta jalmi, malihan katinggal macho mereun, heuheu,
punten ah kanu teu gaduh kum-jang, sakali deui punten J .

 

Tah sakitu teh Roro anu janten patarosan simkuring tea teh, saur kang
Kabayan mah ceunah ngan wungkul curious J.

 

 

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of surtiwa surtiwa
Sent: Monday, November 05, 2007 9:01 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] re : Kumiz

 

Atuh gampil unggal dinten oge tiasa dicatet..di kantor
sabaraha urang anu kumisan/janggotan..dipasar....knten
sabaraha persen di Mall...di cafe...di mana wae..tah
tidinya sacra umum..memang henteu seueur anu kumisan
sareng janggotan teh...

--- Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED] <mailto:Roro.Rohmah%40Sidola.com> >
wrote:

> Kang Alkatra, tiasa nyandak kacindekan timana yen
> rata2 urang Indonesia teu raresepeun kumis &
> janggot? Kenging survey ti Family 100? Tina pooling
> SMS? Harewos ti BPS? Boa-boa staf AC Nielsen nya?
> Hihih*. 
> Punten ah, sanes teu resep kanu kumis & janggot
> margi abdi mah istri, tara ngingu*duka istri nu
> sanes mah heheh*
> 
> ro2 
> 
> 
> >>> [EMAIL PROTECTED] <mailto:alkarta_bdg%40yahoo.co.id>  11/04/07
07:55PM >>>
> Sanes, asa kaemutan deui patarosan anu kapopohokeun,
> nyaeta naon sababna urang Indonesia lolobana teu
> raresepeun kana kumis sareng janggot?
> Punten ah
> 

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

 

Kirim email ke