Tah geuning tos terang yen nu dipikaresep ku wanoja teh nu ehm*ruruncang bolenang nu hejo carulang heheh*.
Ah, bade Mang Dase, Kang Keanu atanapi Jang Casilas, ari kasep tiditunamah nya kaseeeep weeee* tapi, (aya tapina) pami nu kasep pinuh ku bangsaning bubuluan, saha nu terangeun yen anjeuna kasep? Komo pinuh ku roro mbeheun sareng kapalan mah, raray-rarayna atuh katingali* ni katurug katutuh, keur mah*. hayoh di"buluan" nya tambih we teu katingali hihih*. Leres kacipta pami wanoja daremo bari nyarandak spanduk* "Panjangkan kumis & janggut!" atanapi "Babat habis kumis!" Wah suwer, talux pami disambungkeun sareng sunah rasul mah... Nya etamah teu langkung, bade dipanjangan manggaaaa*atanapi dikurud oge saeeeee da panginten tos kenging mapantes sewang-sewangan. Pami seueur wanoja nu resepeun atanapi heunteu oge teu langkung* da panginten (deui wae) karesepna ge benten2. Da moal paliron atuh, Alloh ge nyiptakeun sagala rupi pasti aya pasanganana sanes?... saneeeesss*heheh. Eh, punten kokolot begog yeuh* ;) Nuhun pedaranana Kang, ro2 "Simkuring" <[EMAIL PROTECTED]> [EMAIL PROTECTED] Hehehe*sumuhun, apanan ieu mah bubuhan kaharti we basa na, nyaeta henteu ku Sunda nya ku basa endonesa matak nyebutkeun "urang endonesa" oge, duka tah mun di Jepang atanapi di nagri sanes da rumaos kuuleun J Teh Roro, simkuring kantos tatalepa naroskeun naon anu dipikaresep ku wanoja pami nilik kana dedegan jajaka, sababaraha diantawisna nyaeta resep ka jajaka anu janggot sareng kumisna di kurud dugika bolenang, kaimpleng ceunah ruruncang (leres kitu namina?) tempat nyangkoyotna kumis sareng angkeut tempat ngagulayunna janggot janten katingal hejo carulang matak gegeut sing saha wae (wanoja) anu neteup, enya puguh ari Keanu Reeves atanapi Casilas (kiper real Madrid) dikitukeun teh bujeng ning dikurud, dalah dirurujad siga baramaen oge tinangtu bakal pikauruyeun wanoja, kumaha mun mang Dase tukang nanggung bata dikurud janggotna (punten bilih kasabit nami, ieu mah mungguh conto wungkul J ), nu pinuh ku rorombeheun jeung kapalan naha bakal janten pikauruyeun wanoja kitu? Ah nyaeta atuh da anu puguh mah sanes perkara kacindekan nanging ieumah panginten luyu na sareng budaya di tiap tempat, di Asia nya da katurunan jarang buluan palebah kumis sareng janggot, nanging di barat sareng arab mah teu tiasa disingkahan, kukituna nya mereun di arab mah hiji "pengecualian" hehehe*. Nanging punten yeuh, pama nilik tina perkara ageman (agama), asa pamohalan para wanoja ngadon ngayakeun demo kumis sareng janggot atanapi sahenteuna nyarek, nyaram atanapi protes ka kikindeuwana kedah ngurud kumis sareng janggot, da seseeurna aranjeuna oge ngartos yen eta parantos hiji bagian tina sunnah, muhun sunnah Rasulullah tea. Apan dicaram jajaka muslim (ieu mah ditujukeun ka jajaka anu pareng di pasihan tumuwuh kumis sareng janggot) kanggo ngurud janggot sareng kumis dugika bolenang herang, kitu deui dicaram pisan ngingu janggot langkung panjang tina ranggeuman panangan (nyaeta di ukur ku sakeupeuleun panangan, pami aya langkungna nya kedah dipotong), malihan aya sawatara pameget anu hoyong ngingu janggot ku perkawis manut kana sunnah rasul nanging teu dipasihan leubeut, nya kapaksa we ngingu tilu opat lamar dugika pupurilitan dina gado, atuh janten bahan gonjakan batur hehehe, nanging sakitu ogenan aya usaha tah jalma teh. Sahenteuna, pemeget muslim, asal katingal ngajepat janggot anu parantos di reka reka ku nyalira atanapi salon, atuh kumisna nya kitu deui da ceuk simkuring mah moal ngirangan kagandangan eta jalmi, malihan katinggal macho mereun, heuheu, punten ah kanu teu gaduh kum-jang, sakali deui punten J . Tah sakitu teh Roro anu janten patarosan simkuring tea teh, saur kang Kabayan mah ceunah ngan wungkul curious J.

