Senen kamari, ngulem kang Yaya ka pangulinan, sina medar sagala rupa
ngeunaan nu keur ditalungtikna.

Acara gayana mah seminar. Ngahaja ti anggangna pesen waktu. Nya kamari teh
ngajemput kang Yaya beres seminar di jurusan Biologi UPI Ledang,

Almamater kang Ya (S1). 

 

Ngabandungan naon nu dipedar kang Yaya, jadi nambahan pangaweruh jeung
kareueus ka lemah cai sanajan rumasa teu bisa ngamumule komo mun bisa bari
ningkatkeun ajen surajena.

 

Judul seminarna Indonesia Biodieversity and Bioprospecting. Diantara medar
kondisi alam endonesia jeung sabab musabah sagala rupa aya. Utamana
tatangkalan, pepelakan, jeung ngabuktikeun ku cara ilmiah yen karuhun urang
teh geus bener dina make bahan ti alam pikeun urusan kasehatan jeung ubar
hiji panyakit.

Lalab jeung sajabana loba manpaatna pikeun urang. Koneng gede upamana,
ngandung zat nu bisa nyageurkeun sagala rupa panyawat.

 

Tayangan make infokus ngagambarkeun diantarana kakayaan budaya flora di
urang oge ras jelema. Beda2 ti aceh nepi ka papua. Nepi ka urang korea ari
ka urang cenah sok bingung, naha ari urang indonesia nu mana? Haha. sabab
ari urang korea mah homogen, ti kaler nepi ka kidul sarua kitu, sarupa. Beda
jeung di urang. Oge mun dibandingkeun, nagara urang jeung negara batur,
utamana nu aya jauh ti khatulistiwa, di urang sagala aya, di batur
sabalikna, sagala euweuh. Ti duren the king of fruit, manggu, the queen of
the fruit nepi ka salak, sawo, cau jeung sajabana aya.  Di batur mah euweuh.
Ngan aya sababaraha rupa. Siga di bule ngan aya apel, anggur, pier, naon
deui? Strawbery blueberi paling ge.

 

Tapi meureun geus ditakdirkeun saayeunaeun, urang karek nepi ka dieu. Eleh
ku batur nu memang teu boga nanaon. 

 

Aya carita cenah, bakat ku terpesona kana karyana-wilayah nusantara,
pangeran nepi ka poho ngeusian eusi sirah jelemana. Haha. tapi eta mah ngan
heureuy. Da buktina, kang Yaya geus nembongkeun yen US oge urang endonesia
sejena, ku atikan jeung lingkungan nu hade (mendukung/kondusif) mah bisa
jadi jelema nu pinterna teu eleh ti batur, kaasup ti bule nu kungsi nganggap
rasna leuwih unggul tea. 

 

Beda tempat beda budaya. Budaya urang ku karuhun nu nyiptakeunana geus
mangrupa wujud nu hade, kari dialusan dilemesan atawa diinovasi disaluyukeun
jeung jaman bari jeung kudu apik. Eta we oncom, fungus atawa jamurna cenah
ngandung bakteri nu bisa nyegah kanker, jeung rea-rea deui pamanggih kang
Ya. Teu nyangka nepi ka dinya.

Kirim email ke